Runtuyan
kagiatan mièling milangkala Bogor ka 533, masih kènèh terus lumangsung
diantarana pagelaran wayang golèk
sapeuting jeput di Pangkalan Batu, Kalurahan Semplak Kacamatan Bogor Barat,
Saptu (7/6). Anu minton di tempat ieu, Dalang Perasatuan Pedalangan Indonesia
(Pepadi) Kota Bogor, Ki Dalang Zakir Ismail mawakeun carita Prabu Milwuka Sakti.
Numutkeun
Kepala Dines Kabudayaan Pariwisata jeung Ekonomi Kreatif (Disbudparekraf) Kota
Bogor anu ogè Pupuhu Pepadi, H. Shahlan Rasyidi, pagelaran wayang golèk dina
raraga milangkala Bogor ieu, dilaksanakeun di 6 Kacamatan.
“Wengi
ieu Sabtu ping 6 Juni 2015 di Kacamatan Bogor Barat, kalayan dalangna Ki Dalang
Zakir, wengi enjing Ahad ping 7 Juni di
Kalurahan Genteng Kacamatan Bogor Selatan bakal minton Ki Dalang Jajat sareng
Dalang Maulana,”sanggemna basa muka pagelaran. Inyana ogè negeskeun pintonan
wayang golèk anu geus jadi acara matuh Pemkot Bogor unggal taun hususna dina mièling
milangkala Bogor, minangka bukti yèn Pamarèntah Kota Bogor kacida merhatikeunna
kana kamekaran seni tradisi hususna wayang golèk anu dikokolakeun ku Dines
Kabudayaan, Pariwisata jeung Ekonomi Kreatif Kota Bogor. Acara ieu dibuka ku masrahkeun gugunungan ti
Camat Bogor Barat, Irwan Gumelar ka Ki Dalang Zakir di luhur panggung.
Sawatara
èta, salah saurang panongton anu ogè warga satempat, Eeng Gunawan, nu narongton
pagelaran wayang golèk, kacida noyèkna,
ti mimiti barudak, rumaja nepi ka anu umurna geus teu ngarora deui.
“Salila
ieu masarakat di dieu ukur lalajo dina
telepisi ayeuna mah katempo pisan kumaha rupa jeung wandana wayang golèk,”pokna
daria. Salian ti Lurah Semplak Udin
Syamsudin jeung rèngrènganna, nyampak ogè Lurah Situgede, Junaedi para pajabat ti
Disbudparekraf Kota Bogor, Kacamatan Bogor Barat sarta
inohong masarakat satempat. (Dadang HP)

Bravo Pepadi
BalasHapusnuhun kang boy..
Hapus