Ramè
ogè acara ngubek sètu di Kalurahan Situgedè tèh, nu rèk ngala lauk jeung nu
ngaradon cucurak, datang piligenti. Meneran, poè Ahad kamari tèh,panungtungan
poè pèrè samèmèh bulan puasa. Eukeur mah tanggalna rada ngora kènèh, poèna
alus, henteu hujan, anu daratang ka Sètugedè tèh, lolobana mawa kulawarga.
Kacirina aya nu ngahajakeun mawa samak bari jeung kadaharan sagala. Ari soal
macèt mah di Kota Bogor geus ilahar, dina mangsa lain poè perè ogè nya remen
ngalaman macèt. Aya nu nyalahkeun loba teuing angkot, nepi ka Kota Bogor
kawèntar ku jujuluk Kota Sajuta Angkot.Padahal ceuk DLLAJ Kota Bogor teu sakitu
ieuh. Lamu dijumlah-jamlèh jeung angkutan kota
ti Kabupatèn Bogor anu asup ka puseur Kota Bogor, lobana ukur 8000 siki.
Ngan bubuhan panjang jalanna teu nambahan, hususna di tengah kota, jadi
sababaraha jalur pagegelek di sabudeureun Jamabatan Merah nepi ka Jalan Kaptèn
Muslihat. Tapi sigana baheulana, can diperkirakeun sabaraha kuduna jumlah
angkot anu aya dibandingkeun jeung nu ngagunakeunna. Sabab ayeuna mah, di jalan
tèh pasedek jeung motor sagala. Ku ayana panjer pikeun ngiridit motor kawilang
murah, jalma anu biasana ngagunakeun jasa angkutam kota leuwih resep make
motor. Salian ti leuwih cepet, pikeun mayarna disisihkeun tina ongkos mobil
sapopoèna. Mangsa geus lunas, pan ongkosna leuwih hampang, ku duit sapuluh rèbu
bisa nepi ka sababaraha poè. Jadi ayeuna mah geus teu anèh lamun di hiji imah,
sakurangna boga dua nepi ka tilu motorna, hèg wareuteuh deuih. Di sagigireun èta,
motor urut ogè mani ngaleuya, nu ditarikan ku Leasing teu sirikna unggal poè
aya, sabab aturanna lamun dua bulan teu kabayar pasti kana ditarikna.
“Macèt-macètna
mah, ngan Alhamdulillah, bulak-balik mobil teu pernah kosong,”ceuk salah
saurang supir angkot trayèk 15 anu jurusanna ka Sètugedè. Anu meunang rejeki
tina Ngubek Sètu anu dikokolakeun ku LPM Situgedè tèh, lain ngan saukur supir
angkot wungkul, tapi tukang dagang, ti mimiti Kang Arè tukang ès kalapa anu
biasa mangkal di sisi sètu, tukang soto mie, sangu, roko, kadaharan lianna, ogè
tukang nyèwa-nyèwakeu samak ogè milu
kacipratan rèjèki. Komo tukang parkir mah, sakurangna 3000 motor dina poè Ahad
kamari daratang ka Situgèdè. Lamun motor waè jumlahna duaan, geus 6000 urang
ditambah anu marawa mobil jeung anu naèk angkot, sigana teu kurang ti 15 rèbu
urang daratang ka Sètugèdè. Tah tina 15 rèbu ieu, 50 persènna (7500 urang)
jarajan bari sakurangna Rp 10 rèbu, duit anu
dibalanjakeun di Sètugedè dina poè Ahad kamari aya kana Rp 75 jutana,
ditambah parkir sigana moal kurang tina Rp 80 juta. Komo lamun jajanna 20 rèbu nepi ka saratus rèbuna,
sakurangna Rp 200 juta , bahè di Sètugedè.
Teu
munasabah lamu acara Ngubek Sètu ieu ngadatangkeun rejeki pikeun para padagang
boh anu geus lila tawa anu dadakan. Ceuk Kang Asèp tukang jeruk anu mangkal
dina mobil hareupeun kantor kalurahan pisan, dina poè èta mah supir 15 teu
teurak dikadèk ku bedog, sabab keur loba duit.
“Kaasup
tukang jeruk tah, anu teu teurak dikadèk tèh, sabab duitna geus sakantong
kèrèsèk hideung,”kuring mairan. Inyana
ukur ngabèlèhèm bari menerkeun kacamata hideungna.
Berekah
tina Ngubek Sètu geus pasti bakal karasa ku jalma-jalma anu pinter
ngamangpaatkeu kasempetan, diantarana ku nu daraganga. Naon waè èta mah, sabab
nu dagang asbak ogè teu burung payu tah.
“Alhamdulillah,
ningali kieu mah, sakumaha capena ogè
kaubaran. Sakurangna acara Ngubek Sètu bisa aya mangpaatna pikeun masarakat di dieu,” sanggem Ketua LPM anu ogè
Ketua Panitia HJB ka 533 Kalurahan Sètugedè, Kang Eman Sulaèman basa ditanya ku
salahsaurang wartawan. Kagiatan anu dilaksanakeun mapag munggah ieu, geus
katempo hasilna, kari kumaha ngamangpaatkeunna. Sabab nepi ka kiwari can aya
olèh-olèh husus ti Situgedè ari lain dodol taleus mah. Mugia wè atuh kahareupna
mah aya nu malikiran nya.


Tidak ada komentar:
Posting Komentar