Kamis, 30 April 2015

Mieling Hari Bumi, RAPI Masrahkeun Bibit Mahoni



Pangurus Radio Antar Penduduk Indonesia  (RAPI)  Kota Bogor masrahkeun 1000 bibit pohon mahoni ka Walikota Bogor pikeun kagiatan perkemahan anggota RAPI Kota Bogor anu bakal lumangsung di Sukamantri Ciapus Bogor  nepi ka 3 mei 2015. Pamasarahan  bibit pohon ieu dilaksanakeun ku pupuhu panitia. MS. Shidiq poe tadi, Kemis (30/40. Numutkeun inyana kagiatan anu dilaksanakeun ku RAPI  dina raraga mièling hari bumi 2015 anu  tujuann milu miara lingkungan. Tina  1000 tangkal mahoni èta, bakal dibagikeun unggal kacamatan lobana 150 tangkal.  Sawatara èta Walikota Bogor, Bima Arya negeskeun yèn parobahan hawa dunya ayeuna, kacida ektrima.
“Kota Bogor anu tadina tiis, ayeuna mah geus karasa panas. Pikeun ngungkulanna kudu loba melak tatangkalan. Diharepkeun ku lobana tatangkalan bakal  malikeun deui hawa anu geus panah jadi iuh deui,”ceuk Bima (gus/yana/dadang HP)


Rebo Nyunda, SMP PGRI 2 Bakal Ngagalindengkeun Kawih Sunda



Dina raraga ngahangkeutkeun Rebo Nyunda anu geus dilaksanakeun di sakolana, Kepala SMP PGRI 2 Kota Bogor, Yayat “Odoy” Hidayat bakal ngalengkepan ku pamuteran ku kawih-kawih Sunda  ti mimiti  tabuh  06.30 nepi ka tabuh 07.00 isuk,  samèmèh barudak  asup ka kelas. Hal èta ditegeskeun Yayat ka WBS, di rohangan gawèna, di Jalan Seameo Biotrop, Kacamatan Bogor Selatan Kota Bogor. Kemis (30/4). Numutkeun Yayat, diharepkeun ku remen ngadèngèkeun kawih-kawis Sunda, boh Mang Kokoan atawa karawitan, kanyaah barudak kana kawih-kawih Sunda beuki ngandelan.
“Piraku lamun dibiasakeun mah barudak teu raresepeun, komo deui di jero kawih sunda mah, aya  gelik suling jeung jèntrèng kacapi anu matak ngahudangkeun rasa,”pokna daria. Jadi, sanggemna, Rebo Nyunda lain ngan saukur heuyeub ku papakèan wungkul, tapi ogè dieusi ku seni, sarta basa Sunda.
“Sim kuring bakal marèntahkeun ka guru Sunda di SMP PGRI 2, sangkan ngajarkeun dua kecap heula mangsa barudak digeroan ku indung bapana, diantarana kulan pikeun barudak lalaki, sarta kah pikeun barudak awèwèna,”tegesna. Kecap kulan jeung kah, tètèla lain ngan saukur ucapan wungkul, tapi di jerona aya pangajaran anu ngandung kaluhungan utamana sikep ka nu  jadi kolot. Lamun diperhatikeun kalayan daria hususna dina anatomi kecap,  sora nu nèmbalan moal leuwih bedas tibatan nu ngageroan.
“Dina agama Islam diajarkeun yèn lamun diajak nyarita ku  nu leuwih kolot, komo indung bapan mah, sora anak teu meunang leuwih bedas ti nu leuwih kolot umurna,”ceuk Yayat. Patali jeung kawih Sunda anu bakal digalindengkeun di sakolana, Yayat yakin pisan bakal aya mangfaatna pikeun kajiwaan murid-muridna. Komo deui ieu mah aya patalina jeung indung-bapa sarta karuhunna. (Dadang HP)   




Rabu, 29 April 2015

Urusan Masak Lauk, PKK 2 Bogor Tengah Jagona



Tim 2 PKK Kecamatan Bogor Tengah  jadi juara kahiji dina Lomba Masak Serba Ikan anu dilaksanakeun ku Dinas Pertanian Kota Bogor di Jl. Raya Cipaku No. 5, Rabu (29/4).  Tim ieu meunang nilèy panggedèna, nyaèta 7339. Kagiatan ieu diayakeun dina raraga ngasosialisasikeun program pemerintah Gerakan  memasyarakatkan Makan Ikan (Gemarikan)  anu dipiluan ku 12 tim PKK  wawakil ti 6 Kecamatan sa-Kota Bogor sarta dibuka Ketua Tim Penggerak PKK Kota Bogor Hj. Yane Ardian. Numutkeun Yane, kagiatan lomba kacida diperlukeun pikeun nyumangetan masarakat dina nyiptekeun anu alalanyar, lain ngan saukur meunang jeung èlèhna.  Inyana ogè mertèlakeun yèn lauk minangka sumber protein anu kacida alusna sarta gede pangaruhna pikeun kamekaran uteuk.
“Jadi kacida hanjakalna mangsa nagara Indonesia ngahasilkeun lauk kacida lobana sawatara nu ngadaharna saeutik pisan,”pokna daria.  Sawatara èta Kepala Dinas Pertanian Kota Bogor Ir. Azrin Syamsudin, ngajelaskeun yèn lauk bisa nyerdaskeun barudak. (Humas/Dadabf HP)


Otonomi Daerah Pikeun Ngawujudkeun Kasejahtraan Masarakat



Walikota Bogor Bima Arya umajak sakumna aparatur Pamarèntah Kota Bogor sangkan sareundeuk saigel ngawujudkeun gawè rancagè dina  mere palayanan ka balarèa. Ajakan ieu ditepikeun Bima mangsa mièling Hari Otonomi Daerah (Otda) ka-19 taun 2015 anu lumangsung di Plaza Balaikota anu dipiluan ku sakabèh  pingpinan KPD Pamarèntah Kota Bogor, Selasa (28/4). Numutkeun Bima, pangbèrèan kakawasaan ka daèrah  kudu dimaknaan minangka kasempetan pikeun ngawujudkeun kasajahtraan masarakat sacepetna ku peran aktif pamangku kapentingan di daèrah.
“Ayana Masyarakat Ekonomi Asean mere kasempetan pikeun sakabèh daèrah pikeun ngaronjatkeun daya saing sarta panguat dina ngadorong jasa jeung barang ti daèrah  di wewengkon regional Asia Tenggara,”  ceuk Bima macakeun beware Mendagri. Di sagigireun èta, ningkatna perekonomian masyarakat di daerah   kahareupna bakal ngurangan kamiskinan, ngaronjatkeun kualitas kesehatan jeung  pendidikan, mukakeun lapangan pagawèan, ngajaga sumber daya alam sarta  lingkungan hirup tur ngurangan rupa-rupa pangaruh ti jero jeung ti luar nagri anu ngancama kaamanan nagara, regional jeung global.
“Aya sababaraha factor anu kudu meunang perhatian  daria ti pamarèntah daèrah  nyaèta SDM anu profesional sarta regulasi  jeung  sistem tur sumber pagndanaan anu dikokolakeun kalayan optimal,”sanggemna. Otonomi daèraj juga kudu bisa ngokolakeun wewengkon anu anyar boh provinsi atawa kota jeung kabupatèn. Mangsa kiwari  aya 542 daerah otonom  anu ngawengku 34 provinsi, 415 kabupaten  sarta  93 kota. Ku ayana kondisi samodèl kieu, sinergitas perencanaan  jeung pangwangunan di lokal sarta nasional bakal ngajamin dina ngawujudkeun rineka program jangka menengah jeung  panjang termasuk dina ngawujudkeun Indonesia jadi poros maritim dunya. Tria/Gus/ Ridwan/Dadang HP)


Selasa, 28 April 2015

Lengkah Gebu Cinta Dina Mieling Hari Bumi jeung MIlangkala Bogor ka 533




Wahangan Kalibaru, Katulampa, Ahad (26/4) ngadadak ramè pisan, utamana ku barudak ngora. Mangratus-ratus rumaja ieu lain ngadon ngarojay, tapi mulungan runtah tina jero cai, sarta sabagèanna melak tangkal di sisi walungan, sarta sabagèan deui ngaleupaskeun binih lauk. Kagiatan mangrupakeun mièling Hari Bumi anu dilaksanakeun ku komunitas Gerakan Seribu Cinta Untuk Senyum Sesama (Gebu Cinta). Teu kurang ti 500 urang barudak sakola Kota Bogor ilubiung kana kagiatan anu lumangsung salila kurang leuwih 6 jam. Numutkeun panaratasna, Lutfi Kurnia, kagiatan samodèl kitu ngahaja dipilih, salian ti ngabagèakeun Hari Bumi ogè mièling milangkala Bogor anu ka 533 taun.
“Kuring jeung rèngrèngan umajak ka barudak sakola sangkan ngalaksanakeun kagiatan anu nyata pikeun kapentingan lingkungan. Sarta miharep kagiatan ieu bisa jadi pangdorong maranèhanna ngalaksanakeun kagiatan nu malirè kana wewengkonna,”ceuk Luthfi. Inyana ogè ngarasa reueus ku lobana barudak sakola anu miluan sarta aya kana 500 urangna. Sawatara èta, Ketua RT 5 RW 9, Katulampa, Ahmad  ngahaturkeun nuhun sarta ngarasa bungah kana kagiatan anu ditaratas ku Gebu Cinta.
“Kagiatan ieu bisa jadi panyumanget ka barudak ngora anu aya di Katulampa anu salila ieu ngalobakeun nongkrong. Kuring miharep kagiatan samodèl kitu bisa diteruskeun sangkan wahangan jadi bersih salilana,”pokna daria. Kagiatan ieu ogè dirojong ku Aksi Cepat Tanggap (Organisasi Kamanusaan), Dinas Kebersihan jeung Pertamanan sarta Badan Pengelolaan Lingkungan Hidup Kota Bogor( ARW /Dadang HP)