Sabtu, 18 April 2015

Bima Umajak Jamah Ngarebut Adipura



 Dina Magrib Nguriling anu dilaksanakeun di Masjid Jami Assakinah Bojong Menteng  RT 05 RW 11,  Kalurahan Pasir Kuda Kacamatan Bogor Barat, Walikota Bogor, Bima Arya umajak ka para jamaah pikeun ngarebut deui Piala Adipura anu kungsi  dimeunangkeun ku Kota Bogor. Dina kasempetan èta Bima nyontokeun kayaan Korea Selatan di  tahun 1960-an.
“Kayaan Korea Selatan teu leuwih alus tibatan nagara urang, tapi ayeuna nagara ieu kacida rohakana,”sanggem Bima. Salah sahiji koncina pangna bisa kitu nyaèta sikep jeung paripolah wargana. Inyana ogè ngarasa reueus kana kabiasaan warga Korea Selatan dina miceun runtah. Eta bisa kawas kitu, kusabab pamarèntahna geus ngatik wargana ku jalan mawa kantong plastic, sarta dipiceunna di imah sèwang-sèwangan, nepi ka runtah teu pabalatak di mana-mana.


 Salian ti umajak sangkan babarengan ngarebut deui piala Adipura, inyan ogè masrahkeun dana hibah ti Pemkot Bogor ka DKM Masjid Jami Assakinah anu jumlahna Rp 59.904.000. Dina kasempetan èta Bima dibarengan ku Asisten Perekonomian, Pembangunan  jeung  Kesejahteraan Rakyat Setda Kota Bogor Toto. M. Ulum sarta  Lurah Pasir Kuda Yayat Supriyatna. (Humas/Dadang HP).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar