Tim
2 PKK Kecamatan Bogor Tengah jadi juara
kahiji dina Lomba Masak Serba Ikan anu dilaksanakeun ku Dinas Pertanian Kota
Bogor di Jl. Raya Cipaku No. 5, Rabu (29/4).
Tim ieu meunang nilèy panggedèna, nyaèta 7339. Kagiatan ieu diayakeun
dina raraga ngasosialisasikeun program pemerintah Gerakan memasyarakatkan
Makan Ikan (Gemarikan) anu dipiluan ku 12
tim PKK wawakil ti 6 Kecamatan sa-Kota
Bogor sarta dibuka Ketua Tim Penggerak PKK Kota Bogor Hj. Yane Ardian.
Numutkeun Yane, kagiatan lomba kacida diperlukeun pikeun nyumangetan masarakat
dina nyiptekeun anu alalanyar, lain ngan saukur meunang jeung èlèhna. Inyana ogè mertèlakeun yèn lauk minangka
sumber protein anu kacida alusna sarta gede pangaruhna pikeun kamekaran uteuk.
“Jadi
kacida hanjakalna mangsa nagara Indonesia ngahasilkeun lauk kacida lobana
sawatara nu ngadaharna saeutik pisan,”pokna daria. Sawatara èta Kepala Dinas Pertanian Kota Bogor
Ir. Azrin Syamsudin, ngajelaskeun yèn lauk bisa nyerdaskeun barudak. (Humas/Dadabf
HP)


Tidak ada komentar:
Posting Komentar