Kamis, 16 April 2015

Teu Pede Lamun teu Make Jacket Kulit

Manajer Toko Jacket Kulit Cilendek : Edi Sujadi

Dipoto babarengan karyawan

Toko Jacket Kulit di Jalan Cemplang Cilendek Barat

Siap ngalayanan Pesenan


Pikeun ngamekarkeun pamasaran, Pangrajin Jacket Kulit Kalong anu asalna di Jalan Raya Kedung Halang Kota Bogor, muka sababaraha cabang diantarana di Jalan Cemplang Baru No.09 Cilendek Barat, Kacamatan Bogor Barat, di sabeulaheun SPBU atawa Pom Bensin. Numutkeun pangokola toko jacket Kulit Cilendek, Edi Sujadi anu di jualn di toko èta lain ngan saukur jacket kulit wungkul tapi ogè rineka karajinan tina kulit kayaning dompet kulit, celana kulit, sepatu kulit, gantungan kunci kulit, sofa kulit, tas kulit, tas laptop kulit, clutch kulit, sandal kulit, sarung hp kulit, ikat pinggang kulit sarta  pembersih kulit. Jinisna  kulit anu aya ogè rupa-rupa aya tina bahan kulit sapi / Cow Nappa, kulit domba / Goat Nappa, kulit domba / Lamb Nappa, kulit buaya, kulit biawak, kulit ikan pari  sarta kulit oray. Soal hargana ogè rupa-rupa jacket anu pangmurahna Rp 700 rèbu nepi ka nu pangmahalna nepi ka Rp 3 jutana.
“Sual harga mah gumantung kana bahan, anu tilu jutaan tina kulit domba import,”ceuk Edi basa ditepungan di tokona, Kemis (16/4).  Di toko ieu lain ngan saukur ngajual wungkul, tapi ogè aya jasa  lianna,kaasup ngahadèan nepi ka nyemir. Malah,  bisa ogè mesen saluyu jeung kahayang.
“Nu penting harga jeung Modena cocok, geus pasti bakal dijieunkeun,”pokna daria. Sedengkeun ngeunaan pamasaranna, lain ngan ti Bogor wungkul, dalah ti luar Pulo Jawa ogè tèa. Umumna ti komunitas motor jeung nu lianna, aya  ogè ti kalangan pajabat, eksekutif sarta kagiatan seminar, kongres. Kautamaan  bahan tina kulit, numutkeun Edi, salian ti awèt, henteu panas, ogè bisa naèkeun gengsi.
“Ceuk nu remen touring atawa nyanyabaan ka luar kota, asa kurang pas jeung kurang pedè lamun teu make jacket kulit,”tegesna. (Dadang HP)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar