Sakurangna 60 pamilon wawakil ti
puskesmas jeung rumah sakit sa Kota Bogor miluan Rapat Koordinasi anu dilumangsungkeun
di Kantor Puslitbang Gizi, Kemis
(9/4/2015) anu dibuka ku Wakil Walikota Bogor Usmar Hariman. Numutkeun
Pupuhu Panata Laksana, Ratna Yunita
dumasar UU Nomor 40 Tahun 2004, asuransi kasehatan sosial sifatnya wajib,
kusabab tujuanna nangtayungan sakumna warga Indonesia dina
pasualan asuaransi anu mangrupakeun kabutuhan dasar kasèhatan dasar. Pamarètah
daèrah sorangan, ceuk Ratna, mibanda
tanggungjawab pikeun ngatur wargana anu can ngabogaan asuransi kasèhatan kaasup
jadi pamilon program BPJS.
"Saluyu jeung pasuakan èta, mangka sakabèh
program Jamkesda wajib diintegrasikeun kana dalam JKN anu diayakeun ku BPJS Kesehatan
satelat-telatna ahir tahun 2016," tegesna. Program
Jamkesda
sorangan geus diasupkeun kana BPJS Kesehatan satahap demi sataha ti
mimiti taun 2014, kalayan jumlah pamilonna 32.431 urang. Diharepkeun prosèsna
bisa rèngsè sakabèhna dina taun 2015. Tapi pasualaanna masih kahengker ku pangdataan dasar pikeun
masarakat masakat, hususna anu can kadaftar ku Pamarèntah Kota Bogor. Dumasar
panitènan, hasil pamangpaatan Jamkesda taun 2014, tacan nyugemakeun sakumaha
anu diharepkeun. Salah sahiji panyababna, loba pisan pasèn anu dikirimkein ka
rumah sakit (155 diagnosa), balukarna rumah sakit kudu nandangan waragad anu
kacida badagna. Salian ti èta, loba kènèh
masarakat anu kurang ngarti kana prosedur Jamkesda. Sawatara èta, Kasie
Pembiayaan Kesehatan Masyarakat Dinkes Kota Bogor, Margaretha Kurnia nètèlakeun
yèn pikeun panyampurnaan palaksanaan program
ieu, ti mimiti sosialisasi nepi ka palaksnaanna, dilumangsungkeun rapat
koordinasi antara Dines Kesehatan anu tugasna jadi fasilisator jeung regulator
sarta puskesmas ogè rumah sakit anu boga
pancèn ngalayanan. Kagiatan ieu ogè diluuhan ku Kepala Dinas Kesehatan Provinsi
Jawa Barat sarta Kota Bogor. (gus/tria/rahmat/dadang hp)


Tidak ada komentar:
Posting Komentar