Kalurahan Kencana Kecamatan Tanah Sareal Kota Bogor, ngalaksanakeun palaporan Surat Pemberitahuan
(SPT) Tahunan Pajak Penghasilan (PPh) WP Orang Pribadi kalayan online. Sakabèh
aparat kalurahan ti mimitiLurah, Kepala Seksi
jeung stafna geus ngalaporkeun SPT tahunan pajak penghasilan WP
orang pribadi kalayan online ngaliwatan aplikasi e-Filing
anu diakses tina website https://djponline.pajak.go.id/
“ Ieu au munggaran aparat Kalurahan Kencana ngalaporkeun SPT
tahunan PPh WP orang pribadi
kalayan online, “ ceuj Kepala Seksi Ketentraman Ketertiban
Kelurahan Kencana Iyan Sofyan, Jum’at (3/4/2015). Samèmèhna, sanggem
Iyan, sakabèh aparat kalurahan jeung Kacamatan Tanah Sareal kaasup Kalurahan
Kencana geus dibèrè pangjelasan ku pihak Kantor Pajak di aula Kantor Kecamatan
Tanah Sareal.
“Hasil sosialisasi dilaksanakeun jeung sakabèh aparat di
Kelurahan Kencana langsung ngalaporkeun SPT tahunan pajak penghasilan WP orang
pribadi kalayan online,” saurna. Mung saukur dikanyahokeun aplikasi e-Filing
ngaliwatan situs
Direktorat Jenderal Pajak (DJP) nyaèta sistem pelaporan SPT anu ngagunakeun
sarana sarana internet teu kudu make pihak
sèjèn sarta teu make waragad pisan. Sisrim ieu, kacida gampangna pikeun wajib
pajeg dina nyieun sarta pamasrahan laporan SPT. Sawatara èta , Lurah Kencana Syafei R nètèlakeun
yèn pamangpaatan parabot teknologi anu dilaksanakeun ku aparat kalurahan anu
dipinggpinna sajalan jeung program Walikota Bogor nuju kota pinter atau Smart
City.
“Urang embung disebut gaptek (gagap teknologi),
kusabab kitu ka sakum aparat kalurahan Kencana sangkan
melek teknologi,” saurna. Kitu ogè dina panilèyan SKP (Sasaran Kerja
Pegawai) minangka gaganti DP-3
(Penilaian Pelaksanaan Pekerjaan) sakabèh staf di Kalurahan Kencana geus
ngalaksanakeun ku sistim online yang diakses
kujalan SIMPEG Kota Bogor saluyu jeung
patunjuk ti Badan Kepegawaian Pendidikan
jeung Pelatikan (BKPP) Kota
Bogor.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar