Kamis, 23 April 2015

Kampret Bima jeung Ridwan, Heded lah



Walikota Bogor, Bima Arya  jeung  Walikota Bandung, Ridwan Kamil, katempo kompak ngagunakeun baju kasundaan, kampret, pangsi jeung totopong dina acara pangbukaan Asia Afrika Smart City Summit di Grand Ballroom Trans Luxury Hotel Bandung, Rabu (22/4). Kampret jeung totopong ieu  mèmang jadi  pakèan matuh duanna dina unggal poè Rebo. Bima jeung Ridwan katempo pangonjoyna diantara para pamilon  lianna anu ngagunakeun baju batik sarta sètèlan lianna.  Mangsa keur sasalaman ka jeung nu sèjèn, Ridwan ngajelaskeun ngeunaan pakèan nu digunakeunna sarta ngawanohkeun Bima ka nu aya di dinya. Sakumaha dikanyahokeun  Walikota Bima, ngaluuhan acara forum Asia Afrika Smart City Summit jadi salah sahiji panyatur. Dina jadwal Bima jadi panyatur babarengan jeung Sukhumbhand Paripatra, Gubernur Bangkok pikeun ngabahas 'disaster and environment' dina jama 13.00  nepi ka jam  14.30 WIB di  tempat anu sarua. Di kasempetan sèjèn Walikota Surabaya  Tri Rismaharini, Walikota Banda Aceh, Illiza Sa'aduddin Djamal;  jeung  Walikota Tangerang, Arief Wismansyah, ogè kabagèan jadi  panyatur.  Samemeh ka Bandung Walikota Bogor, Bima Arya ngahaja nyiapkeun 100 totopong pikeun oleh-oleh para pamilon KAA, sarta tètèla loba pisa anu raresepeun. 
"Di Kota Bogor mah, unggal dinten Rebo para PNSna parantos ngaranggo raksukan samodèl kieu, minangka salah sahiji cara pikeun ngamumulè kasurtian jeung budaya satempat," ceuk Kasie Kelurahan Kencana Yan Sopyan.(Ara W/Dadang HP)





Tidak ada komentar:

Posting Komentar