Selasa, 14 Juli 2015

Walikota Bakal Shalat Ied di Masjid Kifayatul Abidin Kebon Raya Bogor



Walikota Bogor, Bima Arya babarengan jeung  Wakil Walikota, Usmar Hariman dijadwalkeun bakal ngalaksanakeun shalat Idul Fitri 1436 Hijriah di Kebun Raya Bogor. Hal ieu ditegeskeun ku Kabag Humas jeung Protokol Setda Kota Bogor, Encep Moh. Ali Alhamidi. Numutkeun Encep, palaksanaan sholat ied ieu, bakal dipiluan ku sakabèh Unsur Pimpinan Daerah Kota Bogor  sarta para pejabat di lingkungan Pemkot Bogor. Rencanana shalat ied ieu bakal dimimitian tabuh 06.30 WIB, di Lapangan Anggrek,  deukeut Panto  III Kebun Raya Bogor.  Sawatara nu bakal jadi imam jeung khatibna, Guru Besar IPB, Prof.DR.H.Kudang Boro Seminar. Samèmèhna, bakal aya bèantara ti Walikota Bogor, pangbagèa ti Ketua DKM Kifayatul Abidin, Ir. Syamsul Hidayat M.Si  sarta laporan Ketua Baznas Kota Bogor, Drs.H.Khotib Malik.  (Humas Pemkot Bogor/Dadang HP)

Sabtu, 11 Juli 2015

Cabe Rawit Babagi Kabagyaan di Masjid Al Fatah



Dina raraga ngeusian bulan suci Ramadhan ku kagiatan anu loba mangpaatna pikeun sasama, ustad Jamil Mustopa atawa anu kawèntar ku Mubaligh Cabè Rawit, Jumaah (10/7) kaliwat ngalumangsungkeun buka puasa bareng bari ngabagikeun santunan ka barudak yatim jeung kaum dhuafa di Masjid Al Fatah, Kampung Sindangsari Kalurahan Bondongan Kacamatan Bogor Selatan. Sakurangna aya 250 urang budak yatim jeung kaum dhuafa anu datang ti sababaraha kalurahan, diantaran Kal.Bondongan, Empang, Cikaret, Mulyaharja Kac. Bogor Selatan, malah ti Desa Citapen Kacamatan Caringin Kabupaten Bogor ogè aya. Numutkeun Ustad Jamil Mustopa, kagiatan samodèl kitu geus lumangsung salila 12 taun, tapi tempatna nguriling teu di satempat. “Taun samèmèhna di wewengkon BNR sarta Jumaah payun, insya Allah di salah sahiji masjid di kalurahan Cikarèt,” sanggemna. Tètèla babagi ka kaum yatim tèh lain ngan saukur dina bulan puasa wungkul, tapi unggal Jumaah, santunan dina poè Jumaah, dibagikeun samèmèh shalat Jumaah dimimitian. Sedengkeun pikeun waragadna meunang panyumbang ti pihak-pihak anu malirè ka barudak yatim diantarana TNI, Polri sarta kolegana di sababaraha tempat.
“Insya mun aya umur sarta pareng aya rejekina, taun hareup mah hoyong langkung seueur tibatan ayeuna,”sanggem Ustad. Dina kasempetan èta, aya ogè wawakil ti Pemkot Bogor, Korem, Garuda 315 Kujang,  Polsek Bogor Selatan, inohong agama sarta masarakat satempat. (Dadang HP)  


Safari Ramadhan KMB Rengse



Keluarga Muslim Bogor (KMB) nutup kagitan  Safari Ramadhan 1436 H, ku jalan masrahkeun santunan zakat jeung  hadiah baju muslim ka  300 anak yatim Kota Bogor di dua tempat nyaèta Masjid Jami Al Ihklas Jl. Swadaya Kalurahan Semplak Kecamatan Bogor Barat sarta Musholla Al Aziz di Warung Jambu Kalurahan Bantarjati Kec. Bogor Utara, teu jauh di secretariat KMB. Kagiatan Safari Ramadhan di 25 masjid di Kota Bogor ieu, hasil gawè bareng jeung Yayasan Red Crescent Uni Emirat Arab.  Balukar ku kamacètan anu kacida rohakana, Walikota Bogor kapaksa kudu datang diboncèng dina motor bogana Satpol PP Kota Bogor. Dina kasempetan èta, Bima masrahkeun kalayan santunan zakat jeung bingkisan ka 10 urang barudak yatim kalayan simbolis. Inyana ogè mere suntikan sumanget ka barudak yatim anu hadir sangkan henteu putus pangharepan, pasrha kana kaayaan, bari tetep ibadah sarta ngado’akeun kolot-kolotna anu geus taya dikieuna. Sawatara èta, Koordinator Keluarga Muslim Bogor Rusli Saimun nètèlakeun yèn Safari Ramadan anu dilaksanakeun ka 25 masjid ngawengku 6 Kacamatan. Tujuan tina kagoatan èta, ceuk Rusli, salahsahiji mantuan Pemkot Bogor pikeun ngahampangkeun bangbaluh sosial sangkan masarakat Bogor kahareupna raharja.
 "KMB mibanda barudak yatim binaan anu jumlahna 600 urang, sumebar di 6 kacamatan,”ceuk Rusli, sarta geus lumangsung salila 8 taun.(Muhammad Iqbal Saputra/dhp)


Kamis, 09 Juli 2015

Disbudpar Kota Bogor Ngalaksanakeun Bukber




Pikeun ngaraketkeun silaturahim diantara para pagawèna, Dinas Kebudayaan, Pariwisata jeung Ekonomi Kreatif (Disbudparekraf) Kota Bogor, ngalaksanakeun buka puasa bareng di kantorna di Jalan Pandu Kota Bogor, Kemis (9/7). Numutkeun Kepala Disbudarekraf, buka bareng ieu ngahaja dilaksanakeun sabab kahareupna bakal loba  PNS anu geus teu arasup gawè, kusabab aya diantarna anu cuti lebaran.
Salian ti buka bareng aya tausiyah ti Ustad Budi ti Kedunghalang Kota Bogor, anu nerangkeun sikep anu kudu dipigawè  salila bulan puasa.
“Puasa lain hartina kudu ngurangan kagiatan tur ngalobakeun sarè pèdah aya katerangan yèn sarèna nu ngalaksanakeun puasa mah kaasup kana ibadah,”sanggemna. Malah dina bulan puasa  mah, kusabab pahalana manglipet-lipet ti bulan biasa, gawè ogè kudu leuwih rancagè. Sabab anu sunat diganjar wajib, komo anu wajib mah pastina manglipet-lipet. Rupa-rupa kadaharan anu disadikeun keur buka puasa dina poè èta, ti mimiti mie golosor, bala-bala nepi ka sop suku sapi sagala.
“Wah ieu buka puasa tilu piring,” ceuk salah saurang tamu undangan, Suryo Widodo anu ngaku kacida beukina kana mie golosor jeung sop suku sapi (Dadang HP)

Rabu, 08 Juli 2015

Usmar Tarling jeung Masrahkeun Bantuan



Wakil Walikota Bogor, Usmar Hariman jeung rèngrèngan ngalaksanakeun Tarawèh Keliling (Tarling) di Masjid Jami As Saadah RT.03 RW.04 Kampung Gandok Kelurahan Pakuan. Sabada tarawèh, Usmar masrahkeun bantuna dana hibah anu gedèna Rp 15 juta  ti Pamarèntah Kota Bogor anu dtarima ku Ketua DKMna Ust. Muhammad Muhtia, Senen kaliwat. Rombongan Tarling sorangan aya ka 8 rombongan, Rombongan anu dipingpin ku Usmar ieu, anu munggaran. Numutkeun Usmar, batuan hibah ieu, mangrupa wujud kamalirèan Pemkot Bogor ka masaraktna.
“Mudah-mudahan bantuan ieu aya mangpaatna pikeun renovasi masjid,” ceuk Usmar. Inyana ogè negeskeun ulah ditempo gedè leutikna, tapi wujud kacintaan ti pamarèntah ka masarakatna. Sawatara èta, Ketua DKM Masjid Jami As Saadah, Ustad Muhammad Muhtar, nètèlakeun kacida nganuhunkeunna kana ayana bantaun ti Pemkot Bogor.
“Sim kuring saparakanca nganuhunkeun  Pa Wakil sareng rèngrèngan parantos kersa netepan Isya sareng tarawèh di masjid ieu, kanggo ngalaksanakeu shalat berjamaah,”sanggemna. Dina rombongan ieu Usmar dibarengan ku Kepala Diswasbangkim Boris Darusman, Sekdis DLLAJ Endang, Kasie Pemeliharaan Taman Erwin G, Kementerian Agama Ade Sarmili, Kasubag Pelayanan Informasi Manan Tampubolon, Lurah Pakuan Saepudin  sarta  Muspika Bogor Selatan. (Tria/Lani/Dadang HP)