Pikeun ngungkulan proses Panarimaan Peserta Didik Baru
(PPDB) Online anu rada riweuh jeung lèlèt
kabina-bina, Dinas Pendidikan Kota Bogor ahirna ngaluarkeyn kawijakan
ngagunkauen sistim off line. Lèngkah ieu dicokot sangkan calon murid anu
alanyar bisa meunang kapastian kadaftar. Numutkeun Sektretaris Dinas
Pendidikan, Fahrudin, ti mimiti poè
Salasa (30/6) para calon pangdaftar bisa langsung datang ka sakola pilihan
utama kujalan ngeusi formulir
pangdaftaran.
“Engkèna nu dalaftar
èta bakal narima tanda pangdaftaran,” ceuk Fahrudin. Saterusna operator anu aya di sakola-sakola bakal ngasupkeun data-datan. Kujlan kitu, para
pangdaftar sakola anyar bisa nempo jeung
ngariksa pangdaftaranna ku jalan on line. Lèngkah ieu tetep dilaksanakeun
sanajan sistem on line jalan.
“Sabab tadi peuting
ti mimiti jama satengah sabelas peuting nepi ka isuk sistimna angger
jalan kusabab operator 20 SMP negeri geus bisa ngasupkeun data,”tegesna. Salah
sahijina operator di SMP Negeri 6
anu geus ngasupkeun data 300 urang calin muridna, sarta saurangna merlukeun
waktu ukur 2 menit. Tapi hanjakalna dina
Salasa isuk sistim on line ieu deui keuna gangguan. Patali jeung ayana
kajadian èta, Dinas Pendidikan Kota Bogor terus ngalaksanakeun koordinasi jeung Pustekom anu ngokolakeun sistemna. Disdik ogè, ceuk
Fahmi (ngaran landian Sekdis, patugas
bakal ngalayanan calon pangdaftar, 24 jam sapoèna, sangkan jadwal pangdaftaran jeung
tanggal pangumuman tidak perlu dirobah. (Humas Setdakot Bogor/Dadang
HP)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar