Sabtu, 04 Juli 2015

Dahlan, Bima Buka Puasa jeung Barudak Yatim di Vihara Dhanagun



Badan Sosial Lintas Agama (Basolia) Kota Bogor, Vihara Dhanagun, Persaudaraan Liong Barong Bogor  sarta  Persatuan Gerak Badan Bangau Putih  ngalumangsungkeun buka puasa babarengan di di Vihara Dhanagun, Jl.Suryakencana, Bogor, Saptu (4/7).
Numutkeun Walikota Bogor, Bima Arya ngariungna di tempat èta, sakurangna aya dua hal, nyaèta dina raraga silaturahim jeung babagi.
“Wakca kuring ngarasa bagya ku kasumpingan bapa Dahlan Iskan, anu gedè pisan jasana ka republik ieu,”ceuk Bima basa biantara sabot ngantosan kasumpingan Dahlan Iskan. Bima ogè umajak ka nu haladir, pikeun ngadu’akeun Dahlan Iskan sangkan dipaparin kasèhatan lahir batin sarta tuluy-tuluy nyumbangkeun pamikiran sarta nu lianna pikeun nagara. Sawatara pangurus Vihara Dhanagun, Guntur negeskeun kacida nganuhunkeunna kana ayana kagiatan èta.
“Buka bareng jeung barudak yatim ieu, pikeun kadua kalina dilaksanakeun. Sakumaha warga Kota Bogor sèjènna tangtu hoyong pisan babagi kabagyaan jeung barudak yatim,”tegesna. Sedengkeun Dahlan Iskan anu tadina teu daèkeun nyarita, ahiran babagi pangalamanna saentas disedek ku pihak panitia. Sanggem Dahlan, inyana geus tilu kali ngalaman puasa di Tiongkok kusabab keur uubar. Ngalaksanakeun shaum di Tiongkok, lilana 17 jam, sabab panon poè bijil jam 3, surup jam 9 peuting. Ngadeukeutan waktu buka puasa, KH. Zaenal Abidin anu ogè pupuhu Basolia mere tausiah ka nu araya di dinya.  Kagiatan buka bareng ieu, diteruskeun ku ngabagikeun santunan ka 50 urang barudak yatim. (rahmat/ ARW/Dadang HP)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar