Rabu, 01 Juli 2015

Pramuka Kota Bogor Siap ka Jambore Dunia di Jepang



 Kwartir Cabang Pramuka Bogor siap miluan  jambore Dunia di Kirara-hama, Yamaguchi, Jepang dina  28 Juli-8 Agustus nu bakal datang. Kagiatan Jambore tingkat dunia ieu, dipiluan ku Pramuka ti loba nagara, kaasup Indonesia. Sakurangna  463 urang  Pramuka  ti Inonesia bakal miluan sarta 6 urang ti Kota Bogor diantarana 3 urang ti SMAN 1, saurang ti SMAN 10, sarta dua urang deui ti SMP Negeri 1. Para Pramuka ieu ti tingkat Penggalang, Penegak, Pandega jeung Pembina. ditarima ku Walikota Bogor, Salasa,(30/6).  Di Jepang, para Pramuka bakal miluan runtuyan kagiatan diantarana mièling ragragna bom di Hiroshima  jeung Nagasaki, patali jeung tarèkah perdamèyan dunya, sarta pergelaran seni ngawanohkeun budya tur naèk ka Gunung Fujiyama Jepang. Dina pasamoan èta, Walikota Bogor  Bima Arya nètèlakeun kacida reueus jeung reugreug ku miluna Pramuka ngawakilan Kota Bogor.
“Kuring ngarasa reueus sabab tètèla Pramuka Kota Bogor bisa ngawakilan Indonèsia, anu tangtuna geus nèmbongkeun prestasi anu hade di tingkat Provinsi Jawa Barat, nepi ka ahirna bisa ka Jepang,”tegesna. Tangtuna, kasempètan èta kacida hadèna pkeun ngawanohkeun budaya Bogor ka mancanegara ku program anu geus dijieun Kominfo Kota Bogor.(Ida Rosidah /Lani/Dadang HP)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar