PT. Taspen Cabang Bogor nyadiakeun
520 paket sembako murah pikeun PNS, hususna nu aya di sabudeureun Balèkota
Bogor. Pakèt ieu, disadiakeun dina bazaar murah anu dibuka ku Asisten
Administrasi Umum, Arif Mustofa Budiyanto di buruan Balèkota Bogor, jalan
Juanda No. 10 Jumaah (3/7). Kepala PT. Taspen Cab. Bogor, Tuti Nurbaitu
negeskeun yèn pasar murah ieu, minangka
hiji katineung ka para PNS.
“Ieu buktos kanyaah kami, kusabab
salah sahiji tgas PT. Taspen nyaèta panyalanggara jaminan kasajahtraan para
PNS.”ceuk Tuti. Kagiatan ieu, ceuk Tuti,
dilaksanakeun unggal taun sarta bareng di sakuliah Indonesia.
“Di kantro puseur dina waktu anu
sarua, aya pangbagaian 5000 sembako gratis ka masarakat,”tegesna. Dina
kasempetan èta, Walikota Bogor milu nyaksian
para PNS anu keur antri mareuli pakèt sembako. (Tria/Gus/Lani/Dadang HP)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar