Wakil Walikota Bogor, Usmar Hariman
jeung rèngrèngan ngalaksanakeun Tarawèh Keliling (Tarling) di Masjid Jami As Saadah
RT.03 RW.04 Kampung Gandok Kelurahan Pakuan. Sabada tarawèh, Usmar masrahkeun
bantuna dana hibah anu gedèna Rp 15 juta ti Pamarèntah Kota Bogor anu dtarima ku Ketua
DKMna Ust. Muhammad Muhtia, Senen kaliwat. Rombongan Tarling sorangan aya ka 8
rombongan, Rombongan anu dipingpin ku Usmar ieu, anu munggaran. Numutkeun
Usmar, batuan hibah ieu, mangrupa wujud kamalirèan Pemkot Bogor ka masaraktna.
“Mudah-mudahan bantuan ieu aya
mangpaatna pikeun renovasi masjid,” ceuk Usmar. Inyana ogè negeskeun ulah
ditempo gedè leutikna, tapi wujud kacintaan ti pamarèntah ka masarakatna.
Sawatara èta, Ketua DKM Masjid Jami As Saadah, Ustad Muhammad Muhtar, nètèlakeun
kacida nganuhunkeunna kana ayana bantaun ti Pemkot Bogor.
“Sim kuring saparakanca
nganuhunkeun Pa Wakil sareng rèngrèngan
parantos kersa netepan Isya sareng tarawèh di masjid ieu, kanggo ngalaksanakeu
shalat berjamaah,”sanggemna. Dina rombongan ieu Usmar dibarengan ku Kepala
Diswasbangkim Boris Darusman, Sekdis DLLAJ Endang, Kasie Pemeliharaan Taman
Erwin G, Kementerian Agama Ade Sarmili, Kasubag Pelayanan Informasi Manan Tampubolon,
Lurah Pakuan Saepudin sarta Muspika Bogor Selatan. (Tria/Lani/Dadang HP)


Tidak ada komentar:
Posting Komentar