Sakurangna 70 stand
bakal disadiakeun pikeun para palaku usaha sa-Kota Bogor dina Pasar Murah anu
bakal dilumangsungkeun ku Dinas Perindustrian
jeung Perdagangan Kota Bogor di buruan
Badan Koordinasi Pemerintahan jeung Pembangunan (BKPP) Wilayah I Jawa Varat
Jalan Juanda Kota Bogor dina , tanggal 8-9 Juli 2015 nu bakal datang. Pasualan
ieu dicaritakeun ku Kepala Bidang Perdagangan, Disperindag Kota Bogor, Mangahit
Sinaga di kantorna, sababaraha waktu kaliwat.
“Anu bakal didagangkeun
ti mimiti kadaharan, inuman, pakèan hasil IKM, industri rumahan jeung pangusaha sèjènna. Kusabab ieu pasar murah saha ogè bisa dafta,”ceuk M.
Sinaga. Inyana miharep ku ayana Pasar
Murah ieu, masarakat bisa nedunan kabutuhan pikeun Lebaran, sarta mantuan IKM
pikeun ngajual hasil karyana. (Tria/Lani/
Ridwan/Dadang HP)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar