Senin, 30 Maret 2015

Waragad Taman Skateboard Rp 250 juta




Ngimpina barudak ngora Kota Bogor, pikeun ngabogaan taman taman skateboard (Skate Park) akhirna jadi kanyaatan. Dina Ahad isuk (29/03/2015), taman skateboard munggaran di Kota Bogor  anu ayana   di Lapangan Sempur  Kota Bogor, diresmikeun ku Walikota Bogor, Bima Arya. Dina kasempetan èta Bima dibarengan ku Wakil Walikota, Usmar Hariman sarta  Sekdakot Bogor, Ade Sarip Hidayat. Numutkeun Bima  kaulinan skateboard teu sambarangan, sakurangna aya pilosofina diantarana kasaimbangan  jeung kawani. “ Sakurangna bisa nyanghareupan tangtangan zaman, sabab barudak ngora mibanda kuda-kuda anu kuat,” sanggemna. Ngeunaan  taman skateboard anu kakara diresmikeun èta, Bima umaku mangrupakeun jangjina ka barudak ngora di Kota Bogor. Lain ngan saukur ngawangun taman wungkul, tapi  ogè kumaha ngahirupkeunna.
“Kuring  boga kahayang sangkan  beuki loba barudak ngora anu disibukkeun  ngagugulung karesepna, nepi ka ulah boga waktu pikeu migawè anu kurang hade,”ceuk Bima. Sawatara èta wawakil ti Bogor Independent Skateboard (BOPER), Gema Raksa Nasution ngajelaskeun nu mikaresep skateboard di Kota Bogor  beuki dieu beuki nambah. Sakurangna  geus aya 500 urang anggota anu aktif.  Sedengkeun Direktur Sales Telkomsel, Mas’ud Khamid ngajèntrèkeun yèn taman skateboard  saluyu jeung visi Walikota Bogor  dina ngahirupkeun taman kota.
“Ieu kakara anu munggaran, kahareupna pihak Telkomesel ogè siap gawè bareng jeung pihak Pemkot Bogor pikeun ngahirupkwun industri kreatif barudak ngora di Kota Bogor,”sanggemna. Pikeun ngawangunna, Telkomsel ngaluarkeun waragad Rp 250 juta tina dana CSR,  anu dipasrahkeun ka Komunitas Kalam  jeung  BOPER  pikeun ngawangun fasilitas skateboard kaasup designa. (tim humas/Dadang HP)   


Caangna Situ Gede Kari Ngadagoan PLN



Dinas Kebersihan  jeung  Pertamanan (DKP) Kota Bogor akhirna mmasang 15 tihang PJU (Penerangan Jalan Umum) di Jalan Cifor Kalurahan Situ Gede Kecamatan Bogor Barat. Tapi kakara semet tihang wungkul, sabab pikeun nyaangkeunna, masih ngadagoan PLN pikeun masangkeun kabel, lampu jeung nu lianna. Numutkeun Ketua Lembaga Pemberdayaan Masyarakat (LPM) Kel. Situgede, Eman Sulaeman ayana PJU ieu minangka usulam ti LPM  jeung warga, kusabab jalan di sapanjang èta poèk mongklèng buta rajin.
“Saluyu jeung  jangina, DKP geus masang 15 titik di Jalan Raya Cifor, di jalan lingkungan 9 titik sarta di gang-gang pakampungan  lobana 11 titik,” ceuk Eman. Sakumaha dibèjakeun samèmèhna, program Bogor Caang anu dihangkeutkeun ku Walikota Bogor, dipasualkeun ku Ketua LPM Situ Gedè, kusabab caangna ukur di puseur kota wungkul. Sedengkeun wewengkon sèjènna, kaasup Situ Gedè masih kènèh pararoèk. Kusabab pararoèk tèa, di wewengkon ieu remen pisan kacilakaan. (Iso/Dadang HP)


Minggu, 29 Maret 2015

Waktu Pameran Batu Akik Ditambahan Tilu Poè



Lantaran loba kènèh para pangrajin jeung padagang batu akik nu daratang  dina mangsa pamèran rèk ditutup, ahirna pamèran batu akik anu dilumangsungkeun di bumina HRM. Setia Budi,  Jalan Raya Puncak Ciawi (payuneun Gedong YPI) Kacamatan Ciawi Kabupaten Bogor, waktuna ditambahan nepi ka poè Rebo (2/4).  Hal èta ditegeskeun ku panaratas acara, Setia Budi di bumina , Ahad (29/3). Numutkeun Budi, tadina mah kagiatan silaturahmi jeung pameran  pangrajin, padagang jeung nu mikaresep batu akik tèh, bakal ditutup dina poè Ahad ayeuna, ngan kulantaran loba pangrajin jeung padagang anu merul, sarta nu mareulina beuki loba, ahirna waktuna dipanjangan nepi ka poè Rebo  nu bakal datang.
“Tadina mah kagiatan ieu tèh rencanana leuleutikan ukur sa-Kacamatan Ciawi, tapi tètèla nu daratang beuki loba, ogè rèa anu ti luar kota,”ceuk Budi. Ayana panambahan ieu, meunang panghargaan ti inohong Bogor, H. Endang Kosasih. Numutkeun Endang ayana panambahan waktu nandakeun anu ditaratas ku Budi  hasilna kawilang alus, komo deui nu daratang jeung nu dagang beuki dieu beuki loba. Endang ogè muji kana kabalabahan Budi anu nyadiakeun tempat kalayan gratis, ogè fasilitas sèjènna.
“Terus terang kuring mah ngarasa salut jeung angkat topi kana  tarèkahna Kang Budi anu boga gagasan ngalaksanakeun  pameran bari jeung waragadna tina kantong sorang,”teges Endang. (Dadang HP)



Sekda Ngariksa Jumsih di Balekota



Pamarèntah Kota Bogor, dina wangkid kiwari keur rajin ngahangkeutkeun deui kagiatan  Jumat Bersih (Jumsih), salahsahijina di komplek pakantoran Seka atawa balèkota. Dina poè Jumaaj (27/3) ieu, kagiataan  Jumsih diriksa ku Sekda Ade Sarip Hidayat dibarengan ku Asisten  jeung Kepala Badan Perencana Pembangunan Daerah (Bappeda) Suharto. Numutkeun  Ade Sarip, kagiatan Jumsih salain ti nyiptakeun tempat gawè anu pikabetaheun, ogè panglayanan ka masarakat bakal nyugemakeun. Lamun tèa kagiatan samodèl kitu dilarapkeun di sakabèh instansi, tangtuna bakal mantuan pikeun ngajaga kabarsihan Kota Bogor. Ade ogè umajak ka para padagang  di komplek balèkota sangkan miluan babarengan  ngajaga  tempat dagangna, sangkan tetep bersih.
“Kahareupna  sakabèh nu daragang bakal dibèrè pangbinna. Lamu maranèhna betah dagang di dinya kudu daèk ngajaga tempatna dagangna tetep asri jeung beresih,”tegesna.

Jumat, 27 Maret 2015

DPRD Kota Tomohon Ngadeugdeug Kota Bogor



WartaBasaSunda, Bogor.  pikeun ngalaksanakeun “kunjungan kerja. Rombongan anu jumlahna 8 urang  anu dipungpin ku Ketua DPRD Kota Tomohon  Miky JL Wenur ditarima Asisten Administrasi Umum Setdakot Bogor Arief Mustopa Budianto di Ruang Tengah Balaikota Bogor, Kemis (26/3). Dina kasempetan èta Miky nètèlakeun yèn maksud kadatanganna ka Kota Bogor pikeun diajar ngeunaan  pangaturan jeung  parencanaan retribusi di widang pariwisata.




Komisi III Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD) Kota Tomohon ngadeugdeug Pamarèntah Kota
“Harepanna ku ayana pamekaran widang pariwisata bisa nambahan panarimaan asli pikeun Kota Tomohon,” sanggem Miky. Asisten Administrasi Umum Setdakot Bogor Arief Mustopa Budianto  nerangkeun  pikeun pamekaran pariwisata  Kota Bogor  ngadasarkeun kan Undang-Undang Nomor 28 tahun 2009 ngeunaan Pajak Daerah  jeung  Retribusi Daerah. “Kota Bogor minangka kota jasa  jeung  perdagangan. Anggaran belanja dina taun 2015 kurang leuwih 2,2 triliun, kalayan babanding pikeun balanja langsung gedèna 53 persen jeung belanja henteu langssung lobana 47 persen,” saurna (Gus/Met/Dadang HP)