Kamis, 19 Maret 2015

PKK Ngarojong Pisan P2WKSS Muara Sari

Kota Bogor, Warta Basa SundaKetua Tim Penggerak PKK Kota , Hj. Yane Ardian negeskeun  yèn target  Kalurahan Muara Sari pikeun jadi  juara lomba Program Terpadu P2WKSS tingkat Propinsi Jawa Barat tahun 2015, lai tanpa  alesan. Inyana yakin pisan  sakabèh  catetan nu diperlukeun, boh ngeunaan kaayaan munggaran sarta anu kudu dipigawè ku sakabèh dines, badan jeung instansi nu lianna geus aya tur  geus dilaksanakeun.

“Kuring yakin pisan kana urusan èta,”saurna, mangsa dipanggihan di tempat  pangbinaan.  Yane ogè ngajelaskeun program terpadu P2WKSS lain hajat sosoranganan, tapi ngalibetkeun loba jalma sarta  rupa-rupa instansi  Pamarentah Kota Bogor, lembaga  jeung  organisasi  sèjènna ogè masarakat. Hartina sakabèhg milu tanggungjawab saluyu jeung pancènna. Lamun sakabèhna geus ngalaksanakeun tugas saluyu jeung target sarta sasaran, harepan  pikeun jadi juara kacida gedèna. Sedengkeun ngeunaan pangrojong ti PKK ,  ceuk Yane, yèn PKK boga 4 kelompok gawè anu sasaranna bèda. Pokja I merjuangkeun  dina  nyi pos-pos atawa satgas PKDRT di unggal wewengkon. Pokja II, kumaha carana mere palatihan ka inu-ibu  anu keur nungguan di PAUD,  Pokja III  narèkahan ngahirupkeun Kelompok Wanita Tani (KWT) sarta  nu pamungkas Pokja IV raket patalina jeung kasèhatan sarta ngaronjatkeun  tingkatan Posyandu di  wewengkon-wewengkon sangkan jadi Posyandu Mandiri. (Tria/Met/ DHP


Tidak ada komentar:

Posting Komentar