Jumat, 20 Maret 2015

Dua DPRD Diajar ka Kota Bogor



WartaBeritaSunda, Bogor. Pamarentah Kota Bogor, narima dua rombongan DPRD ti luar kota, nyaèta DPRD Kota Payakumbuh Provinsi Sumatera Barat  jeung  DPRD Kabupaten Jeneponto Provinsi Sulawesi Selatan. Maksud kadatangan para  anggota legislative ieu, diantarana pikeun diajar ngeunaan Raperda Pengelolaan Pasar jeung  Pembentukan BUMD sarta Raperda ngeunaan  Ngaran-ngaran Jalan tur Sarana Umum, dina Kemis (19/3).
Rombongan ditarima ku Sekda Kota Bogor, Ade Sarip Hidayat di rohangan tengah dibarengan ku Direktur PD Pasar Pakuan Jaya Andri Latif Asikin Mansjoer.
Ketua rombongan DPRD Kota Payakumbuh Yendri Bodra Datuk Parmato Alam  nepikeun yèn salah sahiji tujuanna nyaèta pikeun ngaronjatkeun Pendapatan Asli Daerah (PAD) utamana anu patali jeung pangokolaan pasae sarta ngadegkeun BUMD.  Sedengkeun rombongan DPRD Kabupaten Jeneponto anu dipupuhuan ku Andi Mappatunru negeskeun pihakna hayang nyaho ngeunaan cara  mere ngaran jalan anu kawilang has sarta ngeunaan sarana wangunan-wangunan umum. Sekda Kota Bogor, Ade Sarip Hidayat nètèlakeun yèn PD Pasar di Kota Bogor kakara aya 4 taun kaliwat, tur salila ieu can bisa mere kontribusi PAD sakumaha diharepkeun.  Sedengkeun ngeunaan ngaran-ngaran jalan jeung sarana umum, hasil tina  sawala antara Pemkot jeung masarakat. (Lani/ Diky/dhp)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar