Sabtu, 21 Maret 2015

Raker Kementrian Agama Kota Bogor, Jadi Titimangsa Pangwangunan Umat




WartaBasaSunda, Bogor. Wakil Walikota Bogor, Usmar Hariman miharep pisan kagiatan rapat kerja (Raker) anu lumangsung di lingkungan Kantor Kementrian Agama Kota Bogor, bisa loba  mangpaatna, sarta jadi titimangsa strategis tur jadi evaluasi kana nu geus dipigawè ku Kemenag pikeun pangwangunan masarakat Kota Bogor anu taat kana agama,  silih pikaasih, pinter, macakal jeung bagya lahir batin. Hal èta ditepikeun Usmar mangsa mèrè pangaharahan ka pamilon rapat anu lumangsung di Aula MAN 2 Kota Bogor Jl. Pajajaran No. 6 Bogor, Jum’at (20/3).
Inyana ogè negeskeun kacida bagyana mangsa ngaluuhan kagiatan-kagiatan anu dilaksanakeun ku Kemenag Kota Bogor, salah sahijina nungkulan akad nikah. Kagiatan-kagiatan samodèl kitu, sanggemna, bisa nambahan ambahan dina ngokolakeun pamarèntahan anu geus ampir sataun lilana. Numutkeun Usmar, mangsa keur ngajalankeun pamarèntahan, loba kènèh pasualan anu tacan rèngsè, kukituna perlu gawè babarengan jeung leuwih daria sangkan unggal pasualan anu aya bisa diungkulan.
“Dina wangkid ayeuna loba pisan sumebar bèja-bèja anu teu pararuguh. Salah sahiji cara pikeun ngungkulanna, ku cara ngobrol jeung masarakat langsung dina acara Magrib nguriling anu dilaksanakeun unggal Kemis sore, sakurangna saminggu sakali,”teges Usmar. (Yana/Slamet/ DHP)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar