Kamis, 19 Maret 2015

Rebo Nyunda Geus Nepi ka Mall




WartaBasaSunda, Bogor
Program “Rebo Nyunda”  anu dipitembeyan ku Pemkot Bogor, geus mimiti sup ka puseur pangbalanjaan, sakumaha anu lumangsung di di Food Court n
Jogja Junction di Jalan Sudirman Kecamatan Bogor Tengah Kota
Bogor. Dina unggal Rebo, sakabèh palayanna marakè baju adat Sunda. Pikeun lalaki ngagunakeun baju kampret, pangsi lengkep jeung totopongna. Sedengkeun nu awèwè katempo gareulis pisan dikarabaya. Kepala Dinas Kebudayaan Pariswista jeung  Ekonomi Kreatif (Di

sbudparek) Kota Bogor, Shahlan Rasydi  nyebutjeun kacida reueus jeung reugreugna  mangsa ngadeugdeug tempat èta.
“Ieu mangrupa wujud kacintaan kana budaya Sunda,”ceuk Shahlan. Inyana ogè miharep anu geus dilaksanakeun ku pangokola Jogja Junction Sudirman, bisa diturutan ku puseur-puseur pangbalanjaan lianna, kaasup Badan Usaha Milik
Negara (BUMN) sarta pihak partikulir sèjènna. Dina kasempetan èta, Shahlan kungsi nanyakeun pamadegan para Sales Promotion Girl (SPG) ngeunaan program Rebo Nyunda.
“Jawabanna matak pikabungaheun, tètèla maranèhna ngarasa reueus ngagunakeun baju kabaya,”pokna. (Iso/dhp)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar