WartaBasaSunda, Bogor. Kwarcab Kota Bogor, geus nepi tahapan 3,
saterusna bakal Kabupaten Bogor, Depok jeung Bekasi.
Tim Panilèy Kwarda Jabar, anu dipingpin ku Sekeretarina, Agus Ridhollah ngadeugdeug Sekretariat Kwarcab Kota Bogor, di Jalan Papandayan, Sabtu (21/3). Numutkeun Agus panilèyan anu dimimitian
“Tahapan kahiji atawa anu munggaran, tanggal 7- 8
Maret dimimitian di Karawang, Purwakarta, Subang. Sedengkeun anu kadua nyaèta
Kota Banjar jeung Kabupaten Tasikmalaya,”tegesna. Agus muji kasiapan Kwarcab
Kota Bogor, sabab teu sakabèhna miluan. Sawatara sababaraha anu dinilèy nyaèta,
bidang abdimas, humas, administrasi keuangan, dana usaha, pendidikan jeung
palatihan. Ketua Kwarcab Gerakan Pramuka Kota Bogor, Ade Sarip Hidayat,
negeskeun panilèyan nu dilaksanakeun jadi hiji panyumanget pikeun gawè sarta
narèkahan sangkan Parmuka bisa jadi wadah pikeun ngalahirkeun generasi ngora
anu hèbat di mangsa anu bakal datang.
“Gerakan Pramuka di Kota Bogor tigin kan jangji
pikeun nyiptakeun manusia anu hèbat, pinuh kataqwaan, luhur ku pangaweruh, sèhat
jasmani jeung rohani sarta mibanda jiwa demokrasi,”sanggemna. Ade ogè ngajèntrèkeun
ti saprak diistrènan taun 2010, Gerakan Pramuka Kwarcab Kota Bogor gancang
ngabenahan rupa-rupa pasulan, diantarana
jumlah pamilon jeung jumlah nu ngadidikna teu saimbang pisan.
(Humas/DHP)



Tidak ada komentar:
Posting Komentar