Senin, 30 Maret 2015

Waragad Taman Skateboard Rp 250 juta




Ngimpina barudak ngora Kota Bogor, pikeun ngabogaan taman taman skateboard (Skate Park) akhirna jadi kanyaatan. Dina Ahad isuk (29/03/2015), taman skateboard munggaran di Kota Bogor  anu ayana   di Lapangan Sempur  Kota Bogor, diresmikeun ku Walikota Bogor, Bima Arya. Dina kasempetan èta Bima dibarengan ku Wakil Walikota, Usmar Hariman sarta  Sekdakot Bogor, Ade Sarip Hidayat. Numutkeun Bima  kaulinan skateboard teu sambarangan, sakurangna aya pilosofina diantarana kasaimbangan  jeung kawani. “ Sakurangna bisa nyanghareupan tangtangan zaman, sabab barudak ngora mibanda kuda-kuda anu kuat,” sanggemna. Ngeunaan  taman skateboard anu kakara diresmikeun èta, Bima umaku mangrupakeun jangjina ka barudak ngora di Kota Bogor. Lain ngan saukur ngawangun taman wungkul, tapi  ogè kumaha ngahirupkeunna.
“Kuring  boga kahayang sangkan  beuki loba barudak ngora anu disibukkeun  ngagugulung karesepna, nepi ka ulah boga waktu pikeu migawè anu kurang hade,”ceuk Bima. Sawatara èta wawakil ti Bogor Independent Skateboard (BOPER), Gema Raksa Nasution ngajelaskeun nu mikaresep skateboard di Kota Bogor  beuki dieu beuki nambah. Sakurangna  geus aya 500 urang anggota anu aktif.  Sedengkeun Direktur Sales Telkomsel, Mas’ud Khamid ngajèntrèkeun yèn taman skateboard  saluyu jeung visi Walikota Bogor  dina ngahirupkeun taman kota.
“Ieu kakara anu munggaran, kahareupna pihak Telkomesel ogè siap gawè bareng jeung pihak Pemkot Bogor pikeun ngahirupkwun industri kreatif barudak ngora di Kota Bogor,”sanggemna. Pikeun ngawangunna, Telkomsel ngaluarkeun waragad Rp 250 juta tina dana CSR,  anu dipasrahkeun ka Komunitas Kalam  jeung  BOPER  pikeun ngawangun fasilitas skateboard kaasup designa. (tim humas/Dadang HP)   


Tidak ada komentar:

Posting Komentar