Minggu, 31 Mei 2015

Milangkala Bogor, Ngabersihan Ciliwung







Mièling Milangkala Bogor anu ka 533 di Kalurahan Bantarjati Kacamatan Bogor Utara kawilang “ahèng” salah sahijina dieusian ku mulungan runtah di Ciliwung. Saentas diresmikeun ku Walikota Bogor, Bima Arya  di Balèkota jam  06.00, Sabtu (30/5). Mangrèbu-rèbu jalma ti mimiti anggota Karang Taruna, Kader PKK, Posyandu, barudak sakola , para padagang jeung balarèa, turun ka wahangan Ciliwung mulungan runtah anu pabalatak di wahangan.  Kalayan pinuh sumanget jeung kagumbiraan, warga ti 13 kalurahan sa-Kota Bogor ieu , miluan “Lomba Mungut Sampah Ciliwung anu ka-7” kalina. Runtah-runtah èta dikumpulkeun, saterusna  dinilèy ku tim juri ti  Komunitas Peduli Ciliwung anu sumebar di sababaraha tempat. Numutkeun Lurah Bantar, Jati Arief Effendi, kagiatan samodèl kitu kacida hadèna, sakurangna pikeun mere kasadaran ka masarakat sangkan henteu miceun runtah ka wahangan. Tina  7 kali  dilumangsungkeun Kelurahan Bantar Jati geus tilu kalu jadi juara kahiji. Dumasar panitènan di lapangan di sababaraha tempat nyaèta di handapeun  Jambatan Jalan Otista, lapangan Sempur, Lebak Kantin, Lebak Pilar, jambatan Pabaton jeung jambatan Situ Duit, nepi ka jam 10 WIB, warga  masih kènèh marulungan runtah, sanajan panon poè geus karasa panas. (Tria/Lani/Dadang HP)

Pawey Obor Senen Isukan



Pawèy Obor dina raraga milangkala Bogor ka 533, bakal dimimitian dina poè Senèn Isukan tanggal 1 Juni 2015,  tabuh 18.30 WIB  ti Balèkota Bogor, ka Jalan Juanda, Jalan Otista, Tugu Kujang, Jalan Pajajaran sarta balik deui ka Balèkota Bogor. Numutkeun pupuhu  Pawey Obor Arman "Jaka Sunda" Yusuf   anu geus dalaftar pikeun miluan pawèy obor aya kana 2 rèbu urangna, ti sakurangna 30 organisasi boh kapamudaan, seni jeung budaya, sarta komunitas anu aya di Bogor jeung saluareunana. Hal èta ditegeskeun Arman Yusuf Tjetjep Thoriq mangsa riungan sawala pamungkas di Balèkota Bogor, Ahad 31 Juni 2015.
“Pawèy Obor ieu bakal ngiringkeun 4 urang istri diantarana Nyi Ambet Kasih, Kentring Manik Mayang Sunda sarta nu lianna,” ceuk Arman . Kagiatan pawèy anu dilaksanakeun dina raraga mièling Bogor ieu, geus tilu kali dilaksanakeun nyèta ti mimiti milangkala Bogor ka 53i taun, 2013,  anu kadua kalina dina raraga mièling milangkala ka 532 taun 2014, sarta taun ayeuna milangka anu ka 533. Diharepkeun Pawèy Obor ieu bakal jadi ciri mandiri, Mièling Milangkala. Kasangtukang pamikiran Pawèy Obor, pindahna Purasaba Karajaan Sunda Galuh ti Kawali Ciamis ka Pakuan di Bogor.  Rencanana rombongan pawèy bakal ditarima ku Walikota Bogor, katut wakilna, Usmar Hariman, Sekda Kota Bogor, Ade Syarif Hidayat,  pupuhu milangkala, Toto M.Ulum, sarta Kadisbudpar, Shahlan Rasyidi. Di Balèkota sorangan geus disampakkeun pagelaran  Wayang Golèk anu dalangna Dadan Sunandar Sunarya ti Giriharja, Bandung.

  



Milangkala Bogor ka 533, Ti mimiti Helaran jeung Pagelaran Seni di Sempur



Walikota Bogor Bima Arya dibarengan ku Wakilna, Usmar Hariman, Ketua DPRD Kota Bogor, Untung W. Maryono sarta rèngrèngan Muspida, narunggang kuda mingpin hèlaran dina raraga mièling milangkala Bogor anu ka 533, Saptu(30/5)  Helaran anu dimimitian ti Air Mancur  Jalan Sudirman ieu, dimimitian ku laporan pupuhu Helaran, anu ogè Kepala Dines Kebudayaan, Pariwisata jeung Ekonomi Kreatif (Disbudparekraf) Kota Bogor, H. Shahlan Rasyidi. Numutkeun Shahlan, sakurangna 5 rèbu urang pamilon Helaran anu ngawengku sanggar, komunitas seni jeung budaya, ti Kota jeung Kabupatèn Bogor, sarta ti saluareun Bogor miluan dina hèlaran ieu. Nu milu  pawèy helaran ieu diantarana ti Sanggar Edas, Setia Wargi, Gandes Pamantes, Citra Budaya, PMID, Mojang Jajaka, Puseur Padjadjaran, Universitas Pakuan sarta nu lianna.
“Salian ti arak-arakan  para seniman aya ogè pawèy mobil hias, sapeda jeung nu lianna, bari ngagunakeun payung,”tegesna.  Anu rada narik perhatian nu narongton, aya seni genyet ti Kabupayen  Purwakarta anu dipingpin ku Bupatina langsung Dedi Mulyadi. Kang Dedi, sebutan wanoh pikeun Bupati Purwakarta ieu, nikreuh dibarengan ku barudak anu awakna dilulur ku leutak, sarta di satukangeunna ku rupa-rupa papaès sèjènna. Numutkeun Kang Dèdi, Seni Genyet, saujratna ngingetan ka sakabèh manusa, yèn asalna diciptakeun tina taneuh. Salian ti èta, Seni Genyet ieu pikeun ngawanohkeun ka balarèa, yèn Kabupaten Purwakarta panghasil barang garabah anu bahanna tina taneuh. Di Jalan Sudirman, tegesna di hareupeun, Pusdikzi, para pamilon helaran ieu, mintonkeun kabisana salila 3 menit, sarta dipungkas di Lapangan Sempur. Peutingna, Kabupatèn Purwakarta, mintonkeun rupa-rupa kasenian dina raraga safari budaya anu dipingpin langsung ku Bupati Purwakarta diluuhan ku Walikota Bogor katut wakilna, sarat rèngrèngan pajabat, Muspida, seniman jeung budayawan Bogor. (Dadang HP)  








Kamis, 28 Mei 2015

Tugu Kujang jeung Hotel



Poè kamari,  Kemis, acara Ngumbah Kujang anu  geus matuh unggal taun ditutup. Acara ieu dimimitian ti poè Senèn, hartina salila opat poè rumaja anu kawengku organisasi Federasi Panjat Tebing Indonesia (FPTI)  Kota Bogor, Daya Mahasiswa (Damas) Bogor, Forum Siswa SMA Pecinta Alam (Forpalas) ogè Lembaga Kabudayaan Sentradaksa geus ngarèngsèkeun pancènna ngabersihan Tugu Kujang anu ayeuna mah geus teu sorangan deui, sabab di sagigireunna geus aya Hotèl Amaroosa anu leuwih luhur  jeung leuwih jamuga, sabab tètèla Pemkot Bogor sorangan teu bisa nanaon, sanajan dina koran bakal diragragkan hukuman. Sakurangna ceuk pajabat Kota Bogor,  sakumaha dibèjakeun dina koran-koran, aya 5 hal anu dirumpak, ti mimiti “nyolong” Jalan, Koefisien wangunan, tempat parkir anu teu sawawa jeung kamar, urusan cai jero taneuh jeung nu lianna.             Urusan ieu tèh pleng wè taya bèjana deui ku kalamian mah. Tètèla kalamian tèh obat anu mujarab pikeun pasualan-pasualan anu samodèl kieu, sarua jeung Hotel Whiz anu ceuk  harita mah, sakitu gagahna bakal “dituar” opat tingkat pangluhurna. Kanyaataanna? nepi ka kiwari taya ketakna pisan tah ! Pamingpin sajati mah, antara ucap, tèkad lampah tèh saluyu.  Malah dina sifat sèjènna, pamingpin mah kudu boga  sifata daèk tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah,  daèk mere mawèh ka sasama, henteu pelit, korèt mèrègèhèsè alias cap jahè.
            Balik deui kana so’al Tugu Kujang anu unggal taun diberesihan, saujratna minangka lèngkah nyata tina Bogoh ka Bogor,  teu diwaragadan ogè angger dilaksanakeun. Tah pikeun urusan èta, urang kudu ngarasa reueus jeung reugreug sabab aya kènèh barudak ngora anu boga rasa nyaah bari  taya implik-implikna nu sèjèn, èstu clik putih clak hèrang. Tugu Kujang anu dikarumbah dina raraga mièling Bogor, ieu diadegkeun dina 3 Juni 1982 mangsa Milangkala Bogor ka 500. Jadi lamun nepi ka ayeuna umurna kakara 33 taun, lamun nurutkeun aturan BCB mah, sakurangna 50 taun. Tugu Kujang diadegkeun mangsa Walikotana Achmad Sobana, marengan jeung ieu, aya ogè panerbitan Sajarah Bogor kinaryana Alm. Saleh Danasasmita, anu ngajelaskeun yèn tanggal 3 Juni mangrupa titimangsa jadina Bogor anu dikasangtukangan ku Karajaan Sunda Galuh (Pakuan Pajajaran). Dina tanggal èta, Sri Baduga Maharaja Pakuan Pajajaran mindahkeun purasaba ti Kawali  Ciamis ka Kota Bogor (ayeuna).
            Jadi dina taun 1982, mangsa Walikotana Achmad Sobana aya dua kajadian penting dilaksanakeun, nyaèta ngadegkeun Tugu Kujang jeung medalna Sajarah Bogor. Kabèhdieunakeun, buku Sajarah Bogor ieu dimedalkeun deui dina basa Sunda ku alpukahna Panitia Gerakan Sarèbu Pikeun Buku.
            Dina pangbukaan Ngumbah Tugu Kujang, kayaan di wewengkon diny mani ramè pisan, seniman jeung budayawan karumpul bari mintonkeun kabisana . Tugu Kujang anu kamari rèngsè dikumbah jadi kareueus warga Bogor, lain waè urang Kota tapi Kabupatèn, malah sa-Jawa Barat, sabab ukur hiji-hijina di Jawa Barat. Malah dina lambang Kota Bogor ogè aya Tugu Kujangna, salian ti gambar Gunung Salak jeung Garuda sarta nu lianna tèh. Hartina Kujang mah teu bisa dileupaskeun tina “Kabogoran” unggal organisasi anu diadegkeun di Bogor, sok make gambar Kujang, kitu ogè nu darèmo  lolobana ngagunakeun Tugu Kujang. Di Tugu Kujang ieu ogè, dimimitian dibagikeu totopong atawa iket, sarta babakti anu munggaran mangsa pawèy obor. Tugu Kujang sabenerna geus jadi “ikon” Kota Bogor, sabab ciri mandiri Kota Bogor anu pangpunjulna ukur Tugu Kujang sanajan disagigireunna aya Istana Bogor, musieum sarta Kebon Raya. Tapi jalma leuwih reueus popotoan di Tugu anu diwangun di wewengkon Kalurahan Baranangsiang,Kacamatan Bogor Timur Kota Bogor.
“Hanjakal nya, kaagrèngan Tugu Kujang tèh ayeuna mah kalindes ku ayana hotel èt tah,”ceuk nu nungkulan panutupan Ngumbah Tugu Kujang kamari. Sakadar lenyepaneun, di tempat ieu ayeuna aya dua simbol. Nu kahiji Kujang minangka gambaran  budaya, sagigireunna aya hotel wawakil tina kapitalis jeung dunya barana.  Naha kabudayaan urang bakal èlèh ku kapitalis anu ngan saukur mentingkeun kauntungan? Totondènna geus aya, kari ngadagoan waktuna.

Rabu, 27 Mei 2015

Milangkala Bogor, Pasir Kuda Ayakeun Lomba Kabersihan



 Cara mièling milangkala Bogor anu dilaksanakeun ku Kalurahan Pasir Kuda Kacamatan Bogor Barat sigana payus diturutan ku nulianna.  Kalurahan ieu ngalumangsungkeun Lomba kebersihan antar RW  sarta  Jalan Santai dina raraga mièling milangkala Bogor anu kka 533. Numutkeun Lurah Pasir Kuda Yayat Supriatna, kagiatan ieu dilaksanakeun ti mimiti bulan Mei d sarta  Juni 2015.
“Pikeun lomba kebersihan antar RW dilaksanakeun dina bulai Mei kalayan panilèyanna sababaraha tahap, sarta pamilonna aya 12 RW. Nu bakal dinilèy ngeunaan kebersihan lingkungan  sarta tim jurina gabungan ti kalurahan, LPM tur wawakil tokoh masarakat," tegesna. Sedengkeun kagiatan jalan sehat, bakal dilaksanakeun di Villa Kebun Raya, anggangna kurang leuwih 3 Km, bari rutena ngurilingan 12 RW  anu aya di Kalurahan Pasir Kuda, bari ditungtungan ku acara hiburan. Inyan miharep ku ayana jalan sehat ieu, sakumna warga Kalurahan Pasir Kuda  bisa silih pikawanoh, lain ngan saukur wawuh jeung batur sakampungna wungkul (Tria/Dadang HP)