Mièling Milangkala atawa Hari Jadi
Bogor (HJB) anu ka 533, bisa ku rupa-rupa kagiatan, sakumaha anu dilaksanakeun
ku Karang Taruna Kalurahan Bantarjati Kacamatan Bogor Utara Kota Bogor. Organisasi
kapamudaan anu dipingpin ku Hardi ieu ngalumangsungkeun Turnamen Futsal U-15 Karang
taruna Adyuta Cup, pikeun RW sa-Kalurahan Bantarjati. Numutkeun Ketua Panitia Palaksana, Deddy
kagiatan ieu dipiluan ku 16 tim wawakil ti 8 RW, sarta ayeuna geus asup babak
final nyaèta wawakil ti RW I, XI, XII
jeung XIII. Pikeun marebutkeun juara kahiji jeung kadua RW
I bakal ngalawan RW XI, sarta juara katilu kaopat diparebutkeun ku RW II jeung
W XIII.
“Tujuan kagiatan ieu nyaèta pikeun
silaturahim sarta sangkan mikawanoh RT jeung RW sa-Kalurahan Bantarjati,”tegesna.
Sekretaris Kecamatan Bogor Utara, Danni
Setiawan anu nongton kagiatan ieu, nyebutkeun kacida ngahargaana kana tarèkah
pihak panitia jeung Karang Taruna anu ngalumangsungkeun kagiatan. Sabab bisa
ngagali potensi barudak rumaja ti mimiti
barudak SD,SMP nepi SMA.
“Insya Allah kahareupna mah bakal aya
perlombaan nepi ka tingkat kacamatan,”pokna daria. Sawatara èta Lurah Bantarjati, Arief Efendi nètèlakeun yèn kagiatan anu keur dilaksanakeun kacida
alusna duna raraga nèangan bibit-buit olahrraga anyar pikeun maju la tingkat
kota. Pikeun para juara panitia
nyadiakeun waragad pangbinaan jeung trophy anu bakal dibagikeun dina acara Beberesih
Ciliwung dina tanggal 30 Mei 2015 anu pernahna di di RW X. (Tria/Lani/Dadang HP)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar