Minggu, 17 Mei 2015

Bima Arya : Pikeun PMID,Kuring teu Bisa Nolak



Walikota Bogor, Bima Arya, negeskeun yèn dirina teu bisa nolak  mangsa aya ondangan ti Paguyuban Mitra Istri Dramaga (PMID). Hal eta dicaritakeun Bima basa bèantara dina raraga mièling milangkala PMID ka 37. tepungtaunna Ketua PMID, Erna P. Rijadi sarta milangkala Bogor ka 533 di Sekretariat PMID Gang Masjid RT 02 RW V, Kelurahan Margajaya, Kecamatan Bogor Barat, kota Bogor, Ahad (17/5). Numutkeun Bima aya sababaraha hal nu nyababkeun dirina kudu nyaluuhan kagiatan PMID, diantarana organisasi PMID sanajan teu meunang bantuan ti pamarèntah, tapi tetep istiqomah ngajalankeun program-programna salila 37 taun.
“Alesanna sèjènna ieu mah leuwih pribadi. Upami abdi ningali ka Ibu Erna, Ketua PMID, sanaos yuswana parantos 61 taun, tapi sumanget dina ngajalankeun aktifitas kacida saèna. Abdi janten emut ka pun biang anu parantos ngantunkeun dua taun kapengker. Numatak ngaraos dosa upami henteu ngaluuhan,”sanggem Bima bari nyebutkeun ngahala mulang ti heula, sanajan di Kota Solo aya kènèh kagiatan anu kudu dihadiran. Dina kasempetan èta, inyana ogè ngawilujengkeun ka PMID sarta  Erna, bari ngadu’akeun sangkan anjeunna  dipaparin kasèhatan sarta kakiatan dina ngajalankeun aktifitasna. Sawatara èta, pupuhu PMID, Erna P. Rijadi negeskeun yèn PMID anu tadina ngan saukur kumpulan arisan ibu-ibu, ayeuna geus mibanda anggota aya kana 200 urangna, sarta anggotana lain ngan saukur ti Kalurahan Margajaya wungkul tapi ogè ti wewengkon sèjènna.
“Sakurangna aya lima kagiatan anu dijalankeun nyaèta widang sosial kamasarakatan,, pendidikan, karohanian, olahraga seni  jeung budaya,”sanggemna. Widang sosial dilaksanakeun ku jalan mere santunan ka kaum dhuafa dina unggal Ramadan, mere santunan ka budak yatim dina unggal bulan Muharam. Sedengkeun dina widang pendidikan ngalaksanakeun pelatihan kapribadian, widang karohanian ngalaksanakeun pangajian dua kali saminggu sarta ayeuna geus boga majlis sorangan, widang olah raga ngayakeun jalan sehat sabulan sakali, ngadegkeun tim volley jeung bulu tangkis.
Dipoto saasarengan
“Widang seni PMID parantos gaduh grup degung Dayeuh Pakuan, Reog kaum istri, paduan suara GNB,”pokna daria.  Acara mièling milangkala ieu, kawilang heuyeun salian ti dieusian ku ,motong tumpeng, Degung Dayeuh Pakuan, ogè aya tari Merak ku Trisya, Reog kaum ibu, sarta paduan suara GNB anu  ngawihkeun lagu  Di Radio,  ciptaan alm. Gombloh. Salian ti diluuhan ku Camat Bogor Barat, Irwan Gumelar, Ketua LPM Margajaya, Eko Pandu, aya ogè budayawan Bogor, Eman Sulaeman, Panitèn budaya, Dadang Padmadiredja, inohong masarakat, sarta RW jeung RW satempat. (Dadang HP)

Ketua PMID masrahekeun tumpeng ka Walikota Bogor

Walikota Bogor nuju biantara

Budayawan Bogor Eman S sareng Dadang Padmadiredja

GNB nuju makalangan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar