Rabu, 20 Mei 2015

Milangkala Bogor, Ti mimiti Ngahapuskeun Dengda, Nubek Setu nepi ka Ngabodor Sorangan

Kadisbudparekraf Kota Bogor, H. Shahlan Rasyidi

Ngubek Setu

 Mièling milangkala Bogor anu ka 533, sajumlah SKPD di Pemkot Bogor, loba nyieun kagiatan anu raket patalina jeung panglayanan. Diantarana Dinas Pendapatan Daerah anu ngahapuskeun dengda tunggakan PBB pikeun  warga Kota Bogor salila 12 taun nyaèta ti mimiti taun 1992 nepi ka taun 2012 sarta ngalaksanakeun Operasi Sisir. Sawatara èta Dinas  Kebudayaan, Pariwisata jeung Ekonomi Kreatif bakal ngalaksanakeun Bogor Expo di GOR Pajajaran.  Numutkeun Menurut Kadisbudparekraf Kota Bogor, Syahlan Rasidi, nepi ka wangkid kiwari geus aya 170 pamilon anu bakal miluan sarta 20 diantarana ti luar Kota Bogor.
“Para pamilon anu ti luar Kota Bogor diantarana ti Aceh, Bangka Selatan, Sulawesi Tengah  jeung Sumatera Utara sarta kota jeung   kabupaten tatangga,”tegesna. Patali jeung rencana ieu, Walikota Bogor, Bima Arya miharep sangkan Helaran anu bakal dilaksanakeun dirarojong kalayan daria ku masarakat Kota Bogor. Unggal kacamatan jeung kalurahan anu aya di Kota Bogor, bisa ngeprakeun wargana pikeun mintonkeun kamonèsan anu aya di wewengkonna.
“ Kuring meredih sangkan Kahareupna helaran bisa jadi panariik pikeun pariwisata di Kota Bogor,” sanggem Bima.  Salian ti Helaran sarta rupa-rupa kagiatan seni jeung budaya Sunda, milangkala Bogor ogè bakal direuah-reuah ku Lomba Getek jeung Ngubek Setu, sarta  lomba ngabodor sorangan (Borangan) pikeun Barudak SLTP, SLTA sa-Kota Bogor, dina tanggal 10 Juni 2015 nu bakal datang. (gus/rahmat/dadang)

1 komentar:

  1. Hello I'am Chris !
    I suggest you to publicize your blog by registering on the "directory international blogspot"
    The "directory" is 20 million visits, 193 Country in the World! and more than 20,000 blogs. Come join us, registration is free, we only ask that you follow our blog
    You Have A Wonderful Blog Which I Consider To Be Registered In International Blog Dictionary. You Will Represent Your Country
    Please Visit The Following Link And Comment Your Blog Name
    Blog Url
    Location Of Your Country Operating In Comment Session Which Will Be Added In Your Country List
    On the right side, in the "green list", you will find all the countries and if you click them, you will find the names of blogs from that Country.
    Imperative to follow our blog to validate your registration.Thank you for your understanding
    http://world-directory-sweetmelody.blogspot.com/
    Happy Blogging
    ****************
    Best Regards
    Chris

    BalasHapus