Dina raraga ngungkulan kamacètan
di Bogor, BEM KM IPB gawè bareng jeung PRO 2 RRI Bogor ngalaksanakeun RRI Goes to Campus sarta Puncak Festival Ide
2015. Acara ieu lumangsung di Auditorium CCR IPB
Darmaga Salasa peuitng (12/5) diluuhan
ku Kepala Dinas Lalu Lintas Angkutan Jalan Kota Bogor Achsin Prasetyo, Kepala
Dinas LLAJ Kabupaten Bogor, Soebiantoro. W. Rektor IPB Prof Herry
Suhardiyanto sarta Dirut LPP RRI Rosarita Niken Widastuti. Dina
kasempetan èta Achsin ngajelaskeun kaayaan transportasi di Kota Bogor.
Menurutnya, di Kota Bogor diantaran ngeunaan sapeda motor anu jumlahna aya 290
ribu kalayan tingkat pertumbuhan 11%
unggal tahunna. Sedengkeun mobil geus
nepi ka 57 rèbu atawa ngaronjat 13% unggal taunna.
“Sebutan Kota Bogor kota
sajuta angkot teu sagemlengna bener, sabab angkot anu aya ngan saukur 3.412
siki anu ngalayanan 23 trayek. Ditambah 10 trayek angkot
kabupaten anu asu ka wewengkon kota,”
ceuk Achsin. Kitu ogè angkot ti kabupatèn Bogor ogè jumlahna 4.526, sarta trayèkna
dikaluarkeun ku Pamarèntah Provinsi Jawa Barat. Jadi angkot anu pasuliwer di Kota Bogor kurang
leuwih 8 rèbu, bari panjang jalanna ukur 620 km. Teu munasabah lamun tingkat
kamacètan di Kota Bogor kacida rohakana. Program pikeun ngungkulan ieu atawa
transportasi geus dilaksanakeun ku Walikota Diani sarta ku Bima Arya ayeuna.
(Ismet/Rahmat/Dadang HP


Tidak ada komentar:
Posting Komentar