Kamis, 07 Mei 2015

Para Pamilon Seminar Diajak Turun ka Lapangan



Kepala Bidang Pembinaan Pengelolaan Sampah Dinas Kebersihan jeung  Pertamanan Kota Bogor, Dian Herdiawan nètèlakeun yèn pangkokolaan runtah kujalan ngahangkeutkeun tempat pengolahan sampah terpadu (TPST) 3 R (reduce, reused jeung recycle) sarta bank runtah bisa jadi salah sahiji jalan pikeun ngungkulan runtah anu kahengker ku urusan lahan (taneuh) pikeun miceunna  asal dimimitian ku pamilahan heula di rumah tangga. Mangsa ayeuna ceuk Dina,  teu sakabèh kacamatan mibanda bank runtah, tapi lamun TPST 3Rna jalan, sakurangna bisa ngurangan nepi ka 13 persènna.
“Komo deui lamun 68 kalurahan di Kota Bogor geus mibanda bank runtah, nu diangkut ka TPA kuranna bakal loba pisan,”saurna. Hal èta ditegeskeun Dian mangsa narima tamu ti  International Networking Seminar anu para pamilonna ti 5 nagara nyaèta Afrika Selatan, Brazil, India, Indonesia, jeung Portugal.Para pamilon  seminar di Hotel Salak The Heritage lain ngan saukur ngadèngèkeun tiori tapi diajak datang langsung ka lapangan daintarana ka TPST 3 R di Kertamaya jeung Sanimas di Sindangsari. Numutkeun  Country Director ICLEI Indonesia, Irvan Pulungan, pihak ICLEI ngahaja ngaagendakeun kagiatan ieu pikeun nembongkeun yèn Pamarèntah Kota Bogor  mibanda lèngkah anu kawilang hade dina ngungkulan runtah. (ARW/Dadang HP)


Tidak ada komentar:

Posting Komentar