Lantaran aya tuduhan yèn
Walikota Bogor, Bima Arya ngarummpak Perda KTR, ku ayana iklan udud patali jeung kalumangsungan izin turnamen badminton
anu disponsoran ku pabrik udud. Walikota Bogor Bima langsung negeskeun yèn dirina teu pernah
ngizinan kana ayana iklan udud di Kota Bogor. Hal èta dipertèlakeun Bima sarèngsèna
mièling Hari Kebangkitan Nasional, Rabu, (20/5) di Balaikota Bogor. Numutkeun
Bima, pikeun turnamen Badminton atawa bulutangkis, angger bakal diizinan
kusabab kacida alusna pikeun kamajuan dunya bulutangkis di Kota Bogor, tapi
saratna tetep teu meunang masang atribut roko boh di luar atawa di jero tempat
kalumangsungan kagiatan.
“Hal èta lumaku pikeun
sakabèh promosi roko, naon waè wujudna, ulah wani-wani asuo ka Kota Bogor,”tegesna.
Kusabab dalah di kumaha ogè Perda KTR anu geus dijieun ku pamingpin samèmèhna
kudu ditanjeurkeun. (Rahmat/Dadang HP)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar