Mangratus-ratus warga Kacamatan Bogor
Utara, ilubiung dina gerak jalan santai mapagkeun Hari Jadi Bogor ( HJB ) anu
ka 533. Rombongan gerak jalan ieu, “dileupas” ku Wakil Walikota Bogor Usmar
Hariman dibarengan Pupuhu Panitia HJB ke 533 Toto M. Ulum jeung Camat Bogor Utara Asep Kartiwa, Ahad (24/5). Kagiatan gerak jalan ieu dimimitian di buruan
Masjid Ar Rahman kalayan rutena ngaliwatan SMA Negeri 7, Villa Citra, Jalan
Arzimar sarta dipungkas di lapangan Kresna Raya Komplek paimahan Indraprasta
anu jauhna kurang leuwih 3 KM. Dina kasempetan èta Usmar nètèlakeun yèn
kagiatan mièling milangkala Bogor di tingkat kacamatan geus dimimitian
sababaraha poè kaliwat, diantarana aya pagelaran wayang Golek di Kacamatan
Tanah Sareal jeung Bogor Utara. Inyana umajak ka para pamilon sangkan ngarojong
program Bogoh ka Bogor kujalan ngajaga kabersihan lingkungan jeung katartiban lingkungan, sangkan
kahareupna Kota Bogor bisa leuwih
tartib, aman jeung asri. Sawatara èta, Camat Bogor Utara, Asep Kartiwa
negeskeun dina raraga mièling milangkala Bogor anu ka 533, pihak panitia kacamatan
geus ngalaksanakeun sababaraha acara, gawè bareng jeung Karang Taruna sarta
KNPI.
"Kagiatan anu geus dilaksanakeun diantarana bakti sosial,
pagelaran wayang golek jeung jalan santai anu pamilonna kawilang loba. Sakumna
kagiatan ieu bisa dilaksanakeun kusabab kamalirèan warga jeung program anu
ditepikeun ka masarakat bisa kaharti,”tegesna. (Gus /Dkw/ Dadang HP)
![]() |
Wakil Walikota Bogor, Usmar Hariman |


Tidak ada komentar:
Posting Komentar