Country
Director ICLEI Indonesia Irvan Pulungan negeskeun yèn di taun 2050, masarakat anu cicing di pakotaan
jumlahna diperkirakeun bakal nepi ka 6 miliar urang, hartina leuwih ti 60% manusa anu lobana 9,6 miiar, bakal tumetep di
kota-kota. Panyababna tingkat urbanisasi nepi ka 1,84% unggal taunna jeung pertumbuhan ekonomi di wewengkon Asia Pasifik.
Dina kaayaan samodèl kitu, geus pamarèntahan kota anu aya di nagara tacan maju
bakal nyanghareupan rupa-rupa pasualan. Hal ieu diucapkeun Irvan dina seminar Urban-Low Emission Development
Strategy di Hotel Salak, dina Salasa,
(5/5). Pikeun ngajawabna ICLEI ti mimiti
taun 2012 geus ngaluarkeun program Urban-LEDS.
Program ieu salah sahijina mantuan pamarèntah
kota dina ngainvestarisasi emisi GRK ogè nyusun strategi pangwangunan kota anu
handap emisina. Sakurangna aya dua pasualan anu kudu disanghareupan, ngudag
pertumbuhan pangwangunan, ogè kudu ngajaga kagiatan masarakat sangkan henteu
tuluy tumuluy ngahasilkeun emisi gas rumah kaca (GRK) anu balukarna kana pamanasan
global jeung parobahan iklim.
Seminar
anu dibuka ku Wakil Walikota Bogor ieu, nyawalakeun urusan ieu, salia tilu poè
ti mimiti tanggal 5 nepi ka 8 Mei 2015. Para pamilonna aya ti 5 nagara nyaèta Afrika
Selatan, Brazil, India, Indonesia jeung Portugal. Sawatara èta Wakil Walikota Bogor,
Usmar ngèbrèhkeun kabungna bisa kumpul babarengan pikeun berjoang babarengan
nyikepan parabahan iklim global kujalan nyieun strategi pangwanguna kota anu
emisina handap. Kota Bogor sorangan, ceuk Usmar geus ngalèngkah ka lebagh
dinya, diantarana melak tatangkalan
babarengan jeung masarakat, ngurangan polusi udara, ngajaga lingkungan ku jalan
nyieun liang biopori, sarta ngajaga kabersihan lingkungan. (Tria/Met/Dadang HP)


Tidak ada komentar:
Posting Komentar