Sabtu, 23 Mei 2015

Wayang Golek Di Kacamatan dimimitian Peuting Tadi





Pagelaran Wayang Golek dina raraga mièling milangkala Bogor anu ka 533, peuting tadi, Saptu (23/5) dimimitian di dua kacamatan, nyaèta kacamatan Tanah Sareal jeung Kacamatan Bogor Utara. Di Kacamatan Tanah  Sareal, Dalang Jaya Gumelar jeung Dalang Parno, pernahna di buruan puseur pangbalanjaan Robinson Jalan Sholeh Iskandar Kalurahan Kedung Jaya Kacamatan Tanah Sareal, ngalalakonkeun Bambang Jima Sakti. Sawatara di Lapangan Jalan Bagaspati Kalurahan Bantarjati Kacamatan Bogor Utara, Dalang Ucu Komara jeung Dalang Rais D. Rahardjo mintonkeun pangabisana dina peuting èta kènèh. Numutkeun Kepala Dines Kabudayaan, Pariwisata jeung Ekonomi Kreatif (Disbudparekraf) Kota Bogor, H, Shahlan Rasydi, ayana pagelaran di 6 Kecamatan dina raraga mièling Bogor ka 533 ieu minangka bukti  yèn Pemkot Bogor kacida dariana dina ngamumulè, ngarawat jeung ngarumat  seni tradisi tradisi hususna wayang golek.
“Di buruan Balèkota bakal aya pintonan wayang golek dina malem Rebo tanggal 1 Juni 2015, kalayan dalangna Dadan Sunandar Sunarya ti Giriharharja Bandung,”sanggemna. Kagiatan di Lapangan Bagaspati di Kaluarahan Bantarjati ieu diluuhan sajumlah pajabat Pemkot Bogor sarta Muspika satempat. Sawatara èta panitia palaksana  pagelaran wayang golèk di Kalurahan Kedung Jaya, Lurah Pria Gunandi negeskeun yèn ampir sakabèh RT jeung RW di wewengkonna dilibetkeun dina kapanitaan.
“Para RT jeung RW nepi ka LPM ieu kacida bungahna mangsa diajakan jadi panitia milangkala Bogor hususna mangsa aya pagelaran Wayang Golek,” saurna. Pagelaran ieu salian diluuhan ku rèngrèngan Disbudaprekaf Kota Bogor, Camat Tanah Sareal jeung rèngrènganna, Muspika satempat, ogè Sekretaris Pepadi Kota Bogor, Dadang Padmadiredja (Dadang HP)


Tidak ada komentar:

Posting Komentar