Senin, 18 Mei 2015

Mapag Milangkala Bogor, Vespa Pawey Ngurilingan Kota Bogor



Mapagkeun milangkala Bogor ka 533 dina 3 Juni  2015 anu bakal datang, mangrèbu-rèbu vespa miluan Mods Mayday 2015 City  jeung Charity minangka pangwujudan kekompakan, hususna pikeun para pangguna vespa se-Jabodetabak. Numutkeun ketua pelaksana Tommy Teguh Kurniawan. dina acara èta pihakna ngondang 500 urang  pangguna vespa, tapi nu datang aya  leuwih ti sarèbu. Sarta maranèhanna teu manyualkeun kasangtukang jeung datangna ti mana, saha ogè bisa miluan.
“Unggal taunna beuli ngaronjat jeung beuki loba,”tegesna. Inyana ogè negeskeun yèn kagiatan èta minangka wadah pikeun ngahijikeun  nu mikaresep motor skuter Vespa. Mangfaat sèjènna salian ti nambah duduluran ogè ngaraketkeun silaturahim. Kagiatan ieu dileupas di GOR Pajajaran ku Walikota Bogor, Bima Arya kujalan motong tali.  Sedengkeun rutena dimimitian ti GOR  Pajajaran, ka Jalan Dadali, Pajajaran, Sukasari satuluyna balik deui ka GOR Pajajaran.  Salian ti pawèy, kagiatan ieu ogè dieusian ku bakti sosial diantarana babagi ka barudak yatim. (Gus/Dadang HP)



Tidak ada komentar:

Posting Komentar