Poè kamari, Kemis, acara Ngumbah Kujang anu geus matuh unggal taun ditutup. Acara ieu
dimimitian ti poè Senèn, hartina salila opat poè rumaja anu kawengku organisasi
Federasi Panjat Tebing Indonesia (FPTI)
Kota Bogor, Daya Mahasiswa (Damas) Bogor, Forum Siswa SMA Pecinta Alam
(Forpalas) ogè Lembaga Kabudayaan Sentradaksa geus ngarèngsèkeun pancènna
ngabersihan Tugu Kujang anu ayeuna mah geus teu sorangan deui, sabab di
sagigireunna geus aya Hotèl Amaroosa anu leuwih luhur jeung leuwih jamuga, sabab tètèla Pemkot
Bogor sorangan teu bisa nanaon, sanajan dina koran bakal diragragkan hukuman.
Sakurangna ceuk pajabat Kota Bogor,
sakumaha dibèjakeun dina koran-koran, aya 5 hal anu dirumpak, ti mimiti “nyolong”
Jalan, Koefisien wangunan, tempat parkir anu teu sawawa jeung kamar, urusan cai
jero taneuh jeung nu lianna. Urusan
ieu tèh pleng wè taya bèjana deui ku kalamian mah. Tètèla kalamian tèh obat anu
mujarab pikeun pasualan-pasualan anu samodèl kieu, sarua jeung Hotel Whiz anu
ceuk harita mah, sakitu gagahna bakal “dituar”
opat tingkat pangluhurna. Kanyaataanna? nepi ka kiwari taya ketakna pisan tah !
Pamingpin sajati mah, antara ucap, tèkad lampah tèh saluyu. Malah dina sifat sèjènna, pamingpin mah kudu
boga sifata daèk tutulung ka nu butuh
tatalang ka nu susah, daèk mere mawèh ka
sasama, henteu pelit, korèt mèrègèhèsè alias cap jahè.
Balik deui kana so’al Tugu Kujang
anu unggal taun diberesihan, saujratna minangka lèngkah nyata tina Bogoh ka
Bogor, teu diwaragadan ogè angger
dilaksanakeun. Tah pikeun urusan èta, urang kudu ngarasa reueus jeung reugreug
sabab aya kènèh barudak ngora anu boga rasa nyaah bari taya implik-implikna nu sèjèn, èstu clik
putih clak hèrang. Tugu Kujang anu dikarumbah dina raraga mièling Bogor, ieu
diadegkeun dina 3 Juni 1982 mangsa Milangkala Bogor ka 500. Jadi lamun nepi ka
ayeuna umurna kakara 33 taun, lamun nurutkeun aturan BCB mah, sakurangna 50
taun. Tugu Kujang diadegkeun mangsa Walikotana Achmad Sobana, marengan jeung
ieu, aya ogè panerbitan Sajarah Bogor kinaryana Alm. Saleh Danasasmita, anu
ngajelaskeun yèn tanggal 3 Juni mangrupa titimangsa jadina Bogor anu
dikasangtukangan ku Karajaan Sunda Galuh (Pakuan Pajajaran). Dina tanggal èta,
Sri Baduga Maharaja Pakuan Pajajaran mindahkeun purasaba ti Kawali Ciamis ka Kota Bogor (ayeuna).
Jadi dina taun 1982, mangsa
Walikotana Achmad Sobana aya dua kajadian penting dilaksanakeun, nyaèta
ngadegkeun Tugu Kujang jeung medalna Sajarah Bogor. Kabèhdieunakeun, buku
Sajarah Bogor ieu dimedalkeun deui dina basa Sunda ku alpukahna Panitia Gerakan
Sarèbu Pikeun Buku.
Dina pangbukaan Ngumbah Tugu Kujang,
kayaan di wewengkon diny mani ramè pisan, seniman jeung budayawan karumpul bari
mintonkeun kabisana . Tugu Kujang anu kamari rèngsè dikumbah jadi kareueus
warga Bogor, lain waè urang Kota tapi Kabupatèn, malah sa-Jawa Barat, sabab
ukur hiji-hijina di Jawa Barat. Malah dina lambang Kota Bogor ogè aya Tugu
Kujangna, salian ti gambar Gunung Salak jeung Garuda sarta nu lianna tèh.
Hartina Kujang mah teu bisa dileupaskeun tina “Kabogoran” unggal organisasi anu
diadegkeun di Bogor, sok make gambar Kujang, kitu ogè nu darèmo lolobana ngagunakeun Tugu Kujang. Di Tugu
Kujang ieu ogè, dimimitian dibagikeu totopong atawa iket, sarta babakti anu
munggaran mangsa pawèy obor. Tugu Kujang sabenerna geus jadi “ikon” Kota Bogor,
sabab ciri mandiri Kota Bogor anu pangpunjulna ukur Tugu Kujang sanajan disagigireunna
aya Istana Bogor, musieum sarta Kebon Raya. Tapi jalma leuwih reueus popotoan
di Tugu anu diwangun di wewengkon Kalurahan Baranangsiang,Kacamatan Bogor Timur
Kota Bogor.
“Hanjakal nya, kaagrèngan
Tugu Kujang tèh ayeuna mah kalindes ku ayana hotel èt tah,”ceuk nu nungkulan
panutupan Ngumbah Tugu Kujang kamari. Sakadar lenyepaneun, di tempat ieu ayeuna
aya dua simbol. Nu kahiji Kujang minangka gambaran budaya, sagigireunna aya hotel wawakil
tina kapitalis jeung dunya barana. Naha
kabudayaan urang bakal èlèh ku kapitalis anu ngan saukur mentingkeun
kauntungan? Totondènna geus aya, kari ngadagoan waktuna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar