Minggu, 24 Mei 2015

Bima Nedunan Jangjina Gugulantungan dina Tugu Kujang


 Kaburitnakeun, kaayaan di sabudeureun Tugu Kujang Kalurahan Baranangsiang Kacamatan Bogor Timur beuki ramè, acara Ngumbah Kujang anu dilaksanakeun ku Damas, Federasi Panjat Tebing Indonesia (FPTI), Forum Pecinta Alam Siswa SMA(Forpallas), Lembaga Sentradaksa, sarta komunitas lianna dipapaèsan ku kendang penca jeung nu ngibingna. Komo deui mangsa Walikota Bogor, Bima Arya nedunan jangjina pikeun naèk Tugu Kujang dilaksanakeun.
“Capè pisan, sanajan ukur gugulantungan  di luhur sapuluh menit,” ceuk Bima ka Wartabasasunda, saentas aya di handap, Ahad (25/5). Saentas reureuh Bima ogè “tarung” jeung Ki Wahyu Kujang di palataran Tugu Kujang bari dipirig ku kendang penca. Salian ti Bima, Wakil Walikota Bogor, Usmar Hariman, nyaksian ogè kagiatan anu keur dilaksanakeun dina raraga mièling Bogor anu ka 533 ieu, bari teu poho ngeusian ember wadah duit.  Sawatara èta, Sekda Kota Bogor, Ade Sarip Hidayat, anu di taun kamari kungsi nyaksian acara Ngumbah Kujang, kacida reueusna mangsa ningali seniman jeung budayawan Bogor, ngarariung bari mintonkeun kabisana.
“Puguh reugreug lah, ningali para seniman jeung budayawan Bogor silih rojong dina raraga nyukseskeun milangkala Bogor,”ceuk Ade bari teu poho ngeusian ember wadah duit. Salian ti seniman, budayawan, mahasiswa, masarakat umum, kagiatan ieu ogè diluuhan ku pajabat sèjènna, diantarana Ketua Panitia HJB, Toto M. Ulum jeung  Camat Bogor Timur, Sujatmiko. (Dadang HP.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar