Sabtu, 18 Juni 2016

Bupati Bogor Ngariksa Ngadadak ka Pasar Cibinong




WARTABASASUNDABOGOR.Bupati Bogor, Hj. Nurhayanti ngariksa ngadadak ka Pasar Cibinong anu tujuanna pikeun nganyahokeun harga bahan poko kabutuhan masarakat diantarana daging, bèas, cabè, bawang jeung kabutuhan lainna.  Nurhayanti anu datang kurang leuwih jam 11.30 WIB di Pasar Cibinong, langsung ngajugjug  kios sayuran, bari nanyakeun naha harga sayurna naèk atawa henteu. Saentas ti kios sayuran Bupati  neruskeun ngariksana ka kios daging, sarta ngobrol jeung padagangna, Kemis, (16/6)..
"Sabaraha harga daging ayeuna, Pa ?" ceuk Nurhayanti.
"Hargana masih Rp 100-110 ribu sakilona, bu," jawab tukang daging. Bupati ogè ngaroris kios bèas bari nanyakeun naha sasadianna cukup pikeun Iedul Fitri. Saentas ngaroris saeusi pasar Bupati Yanti negeskeun yèn sasadiaan sembako sarta hargana kawilang aman, sarta harga daging lokal  masih bisa diturunkeun. Inyana ogè mertèlakeun yèn pikeun ngajaga sangkan masarakat Bogor teu ngarasa beurat mangsa meuli daging, Pemkab Bogor bakal miluan program Pamarèntah Pusat ngajual daging impor anu hargana Rp 75 ribu sakilona.
“Pemkab Bogor ogè bakal ngalaksanakeun bazaar sembako murah di wilayah Kabupaten Bogor,”pokna daria. Nurhayanti negeskeun saentas ngalaksanakeun pamaraiksaan,  taya harga anu kawilang ahèng, kusabab sasadiaan barang anu diperlukeun kawilang cukup kaasup endog. Malah pikeun cabè mah sasadiaanna ogè aya 472 ton nepi ka bulan Juni. Dina kagiatan èta nyampak Asisten Administrasi, Dirut PD Pasar Tohaga, Camat Cibinong sarta Kapolsek jeung Danramil Cibinong. (Andi/Diskominfo Kab.Bogor/Dadang HP)

Jumat, 17 Juni 2016

Ngeusian Ramadhan Antam Babagi Kabagyaan



PT. Antam Tbk UBPE Pongkor babagi kabagyaan ka barudak yatim dina kagiatan safari Ramadan jeung Bupati sarta Muspida Kabupatèn Bogor di RM Tumbar Jinten Sentul, Kacamatan Babakan Madang, Kemis, (16/6). Direktur Operasi PT Aneka Tambang Persero Tbk, Agus Zamzam J. mèrtèlakeun yèn sababaraha taun katukang jeung ayeuna Antam ngalaman cocoba anu kawilang beurat. Panyababna  kaayaan   global ekonomi dunya, turunna harga komunitas  jeung mulai lumakuna UU Minerba anu ngawajibkeun  proses hilirisasi sarta  rinèka tangtangan tiluar sèjènna anu nyababkeun Antam kudu kreatif, inovatif sarat  gawè  leuwih rancagè deui.
 "Antam , pausahaan anu ngokolakeun sumber daya alam  hiji waktu pasti bakal aya eureunna. Kusabab kitu nyuhunkeun rojongan sareng du’a ti sadayana sangkan program anu keur disusun dina raraga nutup usaha anu ayeuna nuju disusun tiasa masihan mangfaat nu tuluy-tumuluy pikeun masarakat saentas Antam nutup kagiayan,”pokn daria pisan. Sawatara èta Bupati Bogor, Hj. Nurhayanti negeskeun yèn PT. Antam Tbk UBPE Pongkor mangrupakeun mitra gawè Pamarèntah Kabupaten Bogor, diantarana waragad CSR ti Antam kacida ngabantu masarakat dina sagala widang.
“Tapi kapayunna kedah ditambihan deui,” saur Nurhayanti. Inyana ogè nyaritakeun  salaian ti ngaronjatkeun PAD Pamarèntah Kabupaten Bogor, ayana PT. Antam di Kabupaten Bogor  kacida ngabantuna dina pangbinaan ka UMKM. Bupati Bogor nyebutkeun sabada PT. Antam ditutup dina ahir taun 2019 anu bakal datang, Pemkab. Bogor bakal ngarojong program anu bakal dipigawè ku PT. Antam.
Dina kasempetan èta, PT. Antam masrahkeun santuna ka 1000 anak yatim  jeung kaum dhuafa di wilayah Kabupaten Bogor.
Dina kagiatan ieu ogè nyampak Kapolres Bogor, Camat Nanggung, Kapolsek Nanggung  jeung  Danramil Nanggung sarta sababaraha Kepala OPD ti Pemerintah Kabupaten Bogor. (Andi/Diskominfo Kab.Bogor)