PT. Antam Tbk
UBPE Pongkor babagi kabagyaan ka barudak yatim dina kagiatan safari Ramadan
jeung Bupati sarta Muspida Kabupatèn Bogor di RM Tumbar Jinten Sentul, Kacamatan
Babakan Madang, Kemis, (16/6). Direktur Operasi PT Aneka Tambang Persero Tbk,
Agus Zamzam J. mèrtèlakeun yèn sababaraha taun katukang jeung ayeuna Antam ngalaman
cocoba anu kawilang beurat. Panyababna kaayaan
global ekonomi dunya, turunna harga komunitas jeung mulai lumakuna UU Minerba anu ngawajibkeun
proses hilirisasi sarta rinèka tangtangan tiluar sèjènna anu
nyababkeun Antam kudu kreatif, inovatif sarat
gawè leuwih rancagè deui.
"Antam , pausahaan anu ngokolakeun sumber
daya alam hiji waktu pasti bakal aya eureunna.
Kusabab kitu nyuhunkeun rojongan sareng du’a ti sadayana sangkan program anu
keur disusun dina raraga nutup usaha anu ayeuna nuju disusun tiasa masihan
mangfaat nu tuluy-tumuluy pikeun masarakat saentas Antam nutup kagiayan,”pokn
daria pisan. Sawatara èta Bupati Bogor, Hj. Nurhayanti negeskeun yèn PT. Antam
Tbk UBPE Pongkor mangrupakeun mitra gawè Pamarèntah Kabupaten Bogor, diantarana
waragad CSR ti Antam kacida ngabantu masarakat dina sagala widang.
“Tapi kapayunna
kedah ditambihan deui,” saur Nurhayanti. Inyana ogè nyaritakeun salaian ti ngaronjatkeun PAD Pamarèntah
Kabupaten Bogor, ayana PT. Antam di Kabupaten Bogor kacida ngabantuna dina pangbinaan ka UMKM. Bupati
Bogor nyebutkeun sabada PT. Antam ditutup dina ahir taun 2019 anu bakal datang,
Pemkab. Bogor bakal ngarojong program anu bakal dipigawè ku PT. Antam.
Dina kasempetan èta,
PT. Antam masrahkeun santuna ka 1000 anak yatim jeung kaum dhuafa di wilayah Kabupaten Bogor.
Dina kagiatan ieu
ogè nyampak Kapolres Bogor, Camat Nanggung, Kapolsek Nanggung jeung Danramil Nanggung sarta sababaraha Kepala OPD
ti Pemerintah Kabupaten Bogor. (Andi/Diskominfo Kab.Bogor)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar