Selasa, 22 Maret 2016

WARTA BASA SUNDA BOGOR: Syfa Lumpuh Salila 13 Taun

WARTA BASA SUNDA BOGOR: Syfa Lumpuh Salila 13 Taun: WARTABASAUNDA   Sani (36) warga Kampung Jampang RT 02 RW 1O, Desa Kalisuren Kac.   Tajurhalang Kabupaten Bogor, ukur ngageuri nempo a...

Syfa Lumpuh Salila 13 Taun



WARTABASAUNDA
 Sani (36) warga Kampung Jampang RT 02 RW 1O, Desa Kalisuren Kac.  Tajurhalang Kabupaten Bogor, ukur ngageuri nempo anakna Syarifah atawa

Syfa (14) anu teu walakaya, ngalaman lumpuh salila 13 taun. Numutkeun Sani, mangsa umur anakna sataun, kaayaanna walagri, kumaha wè budak saumuran sakitu, ngan saentas divaksin suntik dina pingpina anakna  jadi kitu.
“Saentas divaksin peutingana muriang, tuluy koma salila sapuluh poè, mangsa hudang  sakabèh tulangna jadi leuleus,”pokna  bari carindakdak nahan piceurikeun.   Salila sapuluh taun, saminggu sakali anakna ngalaman step, tong boroning dahar, pikeun nginum waè geus teu bisa. Lantaran taya kadaharan anu asup pisan, bari jeung teu tèga susu jeung kadaharan sabangsaning bubur tèh kapaksa kudu dijejelkeun.
“Sakuduna mah diinfus, tapi waragad pikeun ka rumah sakitna timana. Salaki kuring, Kang Anda ukur buruh wangunan. Pikeun ngubaran anak kuring anu cikal kapaksa kudu hutang injeum  diantarana nepi bank keliling sagala,”tegesna. Malah dina hiji waktu mah, kulantaran geus taya waradag pikeun ngubaran, sarta imahna ogè dina kaayaan darurat, salila sababaaha peuting kapaksa ngendong di kuburan emana dibarengan Syfa jeung adina.
“Kuring geus bingung pisan kudu ka saha deui sasadu. Iwal ti ka makam indung jeung minangsaraya ka Gusti Allah.” Ari tarèkah pikeun  ngubaran anakna, geus teu kaitung, ti mimiti ka Puskesma, rumah sakit, dokter, dukun, kyai, ka jalma-jalma piniter bari jeung kudu naèk angkot ngagandong nu gering.

“Sawatara bantuan ti Dinas Sosial Kabupaten Bogor, lain euweuh, tapi matak lieur. Mangsa aya nu masrahkeun loba pisan titipan caritaan. Engkè lamun aya nu nanya jumlah anu katarima sakitu nya,”pokna tèh. Sanajan kaayaan Syfa teu walakaya, teu bisa diuk-diuk acan teu bisa nyarita, Sani ngaku moal pegat-pegat narèkahan ngubaran, moal rèk putus pangharepan.
“Nu ngaranna indung mah geus pasti nyaah ka anak sarta hayang anakna walagri, cageur bageur, kitu ogè kuring,”Sanui nutup caritaan. (dhp)

Minggu, 20 Maret 2016

Mama Arief Bakal Maju Dina Pamilihan Pupuhu DK3B



WARTABASASUNDABOGOR




Haji Arief Hidayat atawa Mama Arief Hidayat, ahli dongeng Sunda, negeskeuun bakal maju dina pamilihan pupuhu Dewan Kesenian jeung  Kabudayaan Kota Bogor (DK3B) anu bakal dilumangsungkan dina April nu bakal datang. Majuna ahli dongèng ieu geus pasti bakal ngaramèkeun jumlah calon pupuhu anu aya, ceuk basa dongèngna mah  kawas torolong hayam ti kolong. Numutkeun inyana, aya sababaraha seniman jeung budayawan sarta anggota DPRD Kota Bogor nu datang ka imahna, meredih sangkan dirina maju.
“Ulah henteu Ma, salametkeun DK3B, sabab tina calon anu bakal maju ayeuna, kahareupna angger moal harmonis, bakal aya pacogrègan. DK3B bakal moal buleud,”saur Mama Arief nirukeun ucapan anggota DPRD Kota Bogor, di bumina di wewengkon komplek paimahan Taman Yasmin Kacamatan Bogor Barat Kota Bogor, Ahad (20/3). Mama  Arief sorangan ngarasa yakin, yèn majuna dirina jadi pupuhu DK3B bakal loba nu ngarojong.
“Sim kuring geus nyiapkeun calon pangurus lamun tèa kapilih. Loba seniman jeung budayawan Bogor anu hade gawèna, rancagè, tara loba omong, hasil gawèna geus kanyahoan anu keur diajakan badami pikeun majukeun DK3B,”tegesna.
 Sakumaha dipikanyaho, kaayaan DK3B ayeuna, kaayaanna “status quo”, sabab pupuhu anu  geus kapilih teu bisa ditarima hasil pamilihinna. Dines Kebudayaan Pariwisata jeung Ekonomi Kreatif Kota Bogor, ahirna bakal ngalaksanakeun pamilihan deui. Tapi ceuk panitèn budaya, Cecep Thoriq, lamun anu geus milu pamilihan kamari milu deui, dihariwangkeun bakal paciweuh.
“Alusna mah aya inohong sèjèn anu miluan tur bisa ngararapih kaayaan anu ayeuna keur riweuh,”ceuk Cecep.