Senin, 31 Agustus 2015

Kampung Jawa,Ngareuah-reuah Milangkala RI ka 70 ku Seni Sunda



Ngareuah-reuah milangkala RI anu ka 70, bisa ku rupa-rupa kagiatan, salah sahijina sakumaha anu dipintonkeun di Kalurahan Situgede, Kacamatan Bogor Barat Kota Bogor. Saentas mintonkeun rinèka tari pikeun kaum rumaja, warga Kampung Jawa di Kalurahan Situgede mintonkeun  kiliningan. Kagiatan ieu  lumangsung dina Ahad (30/8/2015). Nyi Ecih, sinden midangkeun lagu kawih Manondari, bari ngageroan tamu anu keur aya di tempat èta. Nu geroan biasana surti, tuluy naèk kana panggung, milu ngibing bari saterusna nyawèr. Sawatara anu nongton ngaleprokan, bangun nu suka bungah, komo mangsa nu ngigelna pikaseurieun mah.  Salian ti kiliningan, ogè aya rèog jeung jaipongan. Pintonan ieu dilaksanakeun di lapang urut kebon sampeu, teu jauh ti Pos yandu, bari susuguhna, kadaharan lembur, kayaning ranginang, kulub suuk, kueh ali, kiripik sampeu jeung nu lianna. Numutkeun Ketua RW 09 Kampung Jawa, Kalurahan Situgede, Achmad Fauzan, sakabèhna seniman anu mintonkeun kabisana dina acara èta, urang dinya.
“ Anu disèwa ukur alatna wungkul,”pokna tèh. Sawatara èta, Ketua LPM Situgede, Eman Sulaeman nètèlakeun, yèn baheulana di Kaluaran Situgedè, loba pisan seniman sinda, malah aya dalang pitiun Situgede nyaèta Dalang Atmaja nu geus ngalanglang buana nepi ka Nagara Walanda. Inyana ogè kacida reueusna kana ketak warga satempat anu masih kènèh malirè kana seni Sunda bari jangji bakal nepikeun ngeunaan èta ka Dines Ksbudayaan, Pariwisata jeung  Ekonomi Kreatif Kota Bogor  sangkan Kampung Jawa Situ Gede bisa dipromosikeun.(Iso/dhp)


Rabu, 26 Agustus 2015

Di Kalurahan Kencana Geus aya Motor Listrik, euy !



Kalurahan Kencana Kecamatan Tanah Sareal Kota Bogor , ayeuna geus ngabogaan motor listrik paragi ngangkutan runtah, anu unggal poèna mawaan runtah ti komplek paimahan Dharmais RW 13. Motor ieu dipintonkeun mangsa aya Tim Penilai Lomba Bogor Hijau , Rebo (26/8/2015). Dina Lomba Bogor Hijau, wewengkon RW 13 Komplek Paimahan Dharmais ngawakilan Kecamatan Tanah Sareal ka Tingkat Kota Bogor. Numutkeun Lurah Kencana Syafei R, aya dua motor listrik anu dipakè pikeun ngangkutan runtah di RW 13, anu mangrupa bantuan ti CSR.  
“Runtah-runtah ieu diangkut ku motor listrik ka TPS 3R (Reuse, Reduce, jeung Recycle), “ saur  Syafei anu harita disarengan ku Camat Tanah Sareal, Taufik. Sawatara èta,Mikail salah saurang anu nyumbangkeun motor listrik nètèlakeun yèn motor èta mibanda kakuatan listrik gedèna 12 volt, 60 ampere tur bisa lumpat kencengna  kecepatan 35 Km/jam.
“ Motor listrik ieu disumbangkeun tur geus bisa dimangfaatkeun ampir satahun, “ sanggemna. Sawatara èta tim Penilai Bogor Hijau anu ngaeugdeug  ka  wewengkon  RW 13 Paimahan Dharmais, nyebutkeun yèn kadatangganna pikeun ngariksakeun panyoko masarakat dina ngamangfaatkeun  taneuh  anu aya.  Nu sumping ka tempat ieu aya 3 urang anu dipingpin ku Ketua Pokja III Tim Penggerak PKK Kota Bogor Dyah Ayu Retnowati. Kasumpingan para tamu ieu dibagèakeun langsung ku Camat Tanah Sareal Taufik,  Lurah Kencana Syafei R. sarta  Ketua Tim Penggerak PKK Kecamatan Tanah Sareal Ny.Taufik, Ketua RW 13  tur  para Ketua RT  jeung para kader PKK Kalurahan. Numutkeun  Dyah Ayu Retnowati saentasa ningali langsung, inyana ngarasa  reugreug , sabab masarakat ngarojong pisan dina panataan wewengkonna.
“Ampir unggal imah dipepelakan ku tatangkalan,”saur Dyah. Salian ti èta, di wewengkon RW 13  geus aya Tempat Penampungan Sampah (TPS) 3R, jeung  Bank Runtah. (Iso/Dadang HP)

Usmar Meredih Sangkan Sakabeh Sakola Ngagunakeun Papan Ngaran Kaganga



Wakil Walikota Bogor, Usmar Hariman meredih sangkan sakabèh sakola anu aya di Kota Bogor, ti mimiti SD nepi ka SLA, sangkan papan ngaran sakolana ngagunakeun  Aksara Sunda Ngalagena (Kaganga) sakumaha anu dilaksanakeun di SDN Margajaya 1 Kalurahan Margajaya, Kacamatan Bogor Barat. Hal èta ditegeskeun Usmar mangsa ngaresmikeun Aksara Kaganga di papan nama di SDN Margajaya 1, anu minangka cicirèn panggunaan aksara ieu pikeun SD sa-Kota Bogor, Rebo (26/8). Inyana ogè muji kana sikep Kepala SDN Margajaya 1, Mohamad Hamzen anu geus naratas panggunaanna dina papan ngaran di sakolana.
“Sanajan rada hèsè maca jeung nulisna, Aksara Kaganga jadi tanda yèn budaya Sunda kawilang beunghar,” saurna. Numutkeun Usmar, ku cara kitu barudak sakola bakal nyaho jeung hayangeun  diajar Aksara Kaganga. Panggunaan Aksara Kaganga anu jadi salah sahiji kabeungharan Budaya Sunda kacida payusna lamun dimimitian di sakola-sakola. Sabab, sanggemna, di dieu pisan karakter bangsa di mimitian.
“Pemkot Bogor geus ngamimitian panggunaanna di jalan-jalan, tah ayeuna mah kari dicobaan di sakola. Kukituna kuring kacida reueus jeung muji kana sikep Kepala SD Negeri Margajaya anu geus ngamimitian panggunaanna,”teges Usmar. Sawatara èta, Kepala Dines Pendidikan Kota Bogor Edgar Suratman, salah sahiji program anu keur dihangkeutkeun ku Dines Pendidikan nyèta Ngabogor Bodas, Hèjo jeung Bulao. Ngabogor Bodas, hubungan jeung Nu Maha Murbeng Alam, Allah SWT, Hèjo jeung alam atawa lingkungan, Bulao jeung papada manusa.
“Sim kuring miharep program ieu dilarapkeun di sakola kalayan daria, lain ngan saukur jadi catur atawa slogan wungkul,”pokna daria. Inyana ogè jangji bakal datang ka sakola-sakola pikeun merhatikeun naha dilarapkeun atawa henteu. Kepala SDN Margajaya 1, Mohamad Hamzen nètèlakeun yèn panggunaan Aksara Sunda Ngalagena, geus direncanakeun ti bulan Juni kènèh, marengan milangkala Bogor anu ka 533 kaliwat, tapi kulantaran loba halangan, kakara bisa dilaksanakeun ayeuna.
“Program ieu minangka usulan ti Kang Dadang HP mangsa milangkala Bogor sababaraha bulan kaliwat,”sanggem Hamzen. Sikep Hamzèn ogè meunang pamuji ti Ketua Komite SDN Margajaya 1, Periksa Ginting. Ceuk Ginting, Hamzen kaasup kapala sakola anu kreatif jeung aspiratif. Malah, saurna, Inyana jeung Hamzen hayang ngawujudkeun SDN Margajaya I jadi sakola pacontohan.  Samèmèh muka papan ngaran anu dilaksanakeun ku Wakil Walikota, Kepala Dines Pendidikan Kota Bogor, Edgar ngaresmikeun gapura komplek SDN Margajaya 1,2 jeung 3, anu kakara rèngsè diwangun.
Kasumpingan rombongan gegedèn ieu dipapagkeun ku Ki Lèngsèr “leutik”, sarta bari dipasangan Pin Kujang Bogoh ka Bogor ku murd SDN Margajaya 2, bari disarengan ku Kepala SDN Margajaya 2 jeung 3.  Nu ngaluuhan acara ieu kawilang rèa, diantarana Camat Bogor Barat, Irwan Gumelar, Kapolsek Dramaga, AKP Syafrudin Gayo, para pangawas TK/SD, Kapala Sakola sarta tamu undangan lianna.(dhp)





Senin, 24 Agustus 2015

Ngalagena Bakal Dilumakukeun di SDN Margajaya


Kepala SDN Margajaya, Moh. Hamzen, S.Si, M.Si
Rencana ngaresmikeun panggunaan Aksara Sunda Ngalagena, di SDN Margajaya 1, Kalurahan Margajaya, Kacamatan Bogor Barat, Kota Bogor  anu kungsi katunda sababaraha waktu kaliwat, bakal dilaksanakeun dina Rebo (26/8) nu bakal datang. Hal èta ditegeskeun Kepala SDN Margajaya 1, Moch. Hamzen mangsa ditepungan ku WBS di sakolana,  sarèngsèna ngayakeun pasamona jeung Kepala SDN Margajaya 1 jeung 2, para komite sakola, sarta RT jeung RW satempat,Senen (24/8). Numutkeun Hamzen, persiapanna geus leuwih ti 90 persèn, ti mimiti ngaran Aksara Sunda dina papan ngaran, panto gapura, nepi ka susunan acara geus ampir bèrès.
“Pokona mah kari prung,”pokna daria. Saur Hamzen, rencanana, Wakil Walikota Usmar Hariman jeung Kepala Dines Pendidikan, Edgar Suratman, bakal dipapagkeun ku lèngsèr sart dipasangan pin kujang bogoh ka bogor ku salah saurang murid SDN Margajaya anu saterusna dianteur ka rohangan anu geus disiapkeun. Inyana ogè negeskeun, acara ieu minangka pangwujudan ti program Walikota Bogor, Bima Arya sarta program  Dines Pendidikan, Ngabogor.
“Aksara Sunda Ngalagena geus dilarapkeun di jalan-jalan di Kota Bogor, taya salahna lamun dilumakukeun di sakola-sakola, ngarah barudak sakola apaleun yèn Sunda tèh kacida beungharna ku budaya,”sanggemna. Sedengkeun kasiapan bakal sumpingna Wakil Walikota Bogor, dina kagiatan èta ditepikeun ku panaratas panggunaan Aksara Sunda, Dadang HP, anu ogè boga tugas pikeun ngondangna.
“Pa Wakil, nyanggeman bade sumping  nalika surat uleman didugikeun langsung ka mantenna,”tèmbal Dadang, mangsa ditanya ku WBS. (dhp)

Panggung Pintonan Seni di Gardu Tugu



Pikeun ngareuah-reuah milangkala RI ka 70, warga Gardu Tugu RT 01 RW 01, Kalurahan Margajaya Kacamatan Bogor Barat, Kota Bogor ngalumangsungkeun  panggung pintonan seni anu dikokolakeun ku panitia HUT RI, Saptu (22/8).  Dina panggung anu diayakeun di pakarangan salah saurang warga ieu, ogè dilaksanakeun  pangbagian hadiah anu geus dilaksanakeun dina tanggal 17 Agustus kaliwat.  Sakurangna aya 15 kagiatan lomba anu geus dilaksanakeun dina mièling milangkala RI anu ka 70 ieu. Numutkeun Ketua RT satempat, Dadang Haerdarsono, ayana panggung ieu kacida didagoan ku wargana sabab geus ampir 20 taun, di wewengkonna taya pintonan seni  ti barudak satempat. Anu dipintonkeun diantarana, Rampak Sekar, maca sajak, jaipongan, tari modern sarta qasidah barudak.
“Tètèla geuning  di kampung  Gardu Tugu tèh loba bakat anu salila ieu  teu pernah kaungkabkeun, kusabab taya sarana pikeun mintonkeunna,”ceuk Dadang. Pikeun  ngawadahan bakat ieu, pihakna ogè geus nyieun saung impian jeung kreatifitas anu pernahna di sisi kebon manco ka jalan pisan. Di saung ieu bakal dilaksanakeun rupa-rupa palatihan pikeun barudak anu aya di dinya, diantarana basa Sunda, basa Inggris jeung matematika. Inyana miharep barudak di kampung ieu jadi budak anu onjoy sarta ngarasa reueus jadi warga Gardu Tugu.
“Salila ieu, taya tempat pisan pikeun arulin barudak iwal ti di sisi Bendungan, anu tangtuna matak nyilakakeun,”pokna deui. (dhp)