Senin, 24 Agustus 2015

Panggung Pintonan Seni di Gardu Tugu



Pikeun ngareuah-reuah milangkala RI ka 70, warga Gardu Tugu RT 01 RW 01, Kalurahan Margajaya Kacamatan Bogor Barat, Kota Bogor ngalumangsungkeun  panggung pintonan seni anu dikokolakeun ku panitia HUT RI, Saptu (22/8).  Dina panggung anu diayakeun di pakarangan salah saurang warga ieu, ogè dilaksanakeun  pangbagian hadiah anu geus dilaksanakeun dina tanggal 17 Agustus kaliwat.  Sakurangna aya 15 kagiatan lomba anu geus dilaksanakeun dina mièling milangkala RI anu ka 70 ieu. Numutkeun Ketua RT satempat, Dadang Haerdarsono, ayana panggung ieu kacida didagoan ku wargana sabab geus ampir 20 taun, di wewengkonna taya pintonan seni  ti barudak satempat. Anu dipintonkeun diantarana, Rampak Sekar, maca sajak, jaipongan, tari modern sarta qasidah barudak.
“Tètèla geuning  di kampung  Gardu Tugu tèh loba bakat anu salila ieu  teu pernah kaungkabkeun, kusabab taya sarana pikeun mintonkeunna,”ceuk Dadang. Pikeun  ngawadahan bakat ieu, pihakna ogè geus nyieun saung impian jeung kreatifitas anu pernahna di sisi kebon manco ka jalan pisan. Di saung ieu bakal dilaksanakeun rupa-rupa palatihan pikeun barudak anu aya di dinya, diantarana basa Sunda, basa Inggris jeung matematika. Inyana miharep barudak di kampung ieu jadi budak anu onjoy sarta ngarasa reueus jadi warga Gardu Tugu.
“Salila ieu, taya tempat pisan pikeun arulin barudak iwal ti di sisi Bendungan, anu tangtuna matak nyilakakeun,”pokna deui. (dhp)


Tidak ada komentar:

Posting Komentar