Wakil
Walikota Bogor, Usmar Hariman meredih sangkan sakabèh sakola anu aya di Kota
Bogor, ti mimiti SD nepi ka SLA, sangkan papan ngaran sakolana ngagunakeun Aksara Sunda Ngalagena (Kaganga) sakumaha anu
dilaksanakeun di SDN Margajaya 1 Kalurahan Margajaya, Kacamatan Bogor Barat.
Hal èta ditegeskeun Usmar mangsa ngaresmikeun Aksara Kaganga di papan nama di
SDN Margajaya 1, anu minangka cicirèn panggunaan aksara ieu pikeun SD sa-Kota
Bogor, Rebo (26/8). Inyana ogè muji kana sikep Kepala SDN Margajaya 1, Mohamad
Hamzen anu geus naratas panggunaanna dina papan ngaran di sakolana.
“Sanajan
rada hèsè maca jeung nulisna, Aksara Kaganga jadi tanda yèn budaya Sunda
kawilang beunghar,” saurna. Numutkeun Usmar, ku cara kitu barudak sakola bakal
nyaho jeung hayangeun diajar Aksara
Kaganga. Panggunaan Aksara Kaganga anu jadi salah sahiji kabeungharan Budaya
Sunda kacida payusna lamun dimimitian di sakola-sakola. Sabab, sanggemna, di
dieu pisan karakter bangsa di mimitian.
“Pemkot
Bogor geus ngamimitian panggunaanna di jalan-jalan, tah ayeuna mah kari dicobaan
di sakola. Kukituna kuring kacida reueus jeung muji kana sikep Kepala SD Negeri
Margajaya anu geus ngamimitian panggunaanna,”teges Usmar. Sawatara èta, Kepala
Dines Pendidikan Kota Bogor Edgar Suratman, salah sahiji program anu keur
dihangkeutkeun ku Dines Pendidikan nyèta Ngabogor Bodas, Hèjo jeung Bulao.
Ngabogor Bodas, hubungan jeung Nu Maha Murbeng Alam, Allah SWT, Hèjo jeung alam
atawa lingkungan, Bulao jeung papada manusa.
“Sim
kuring miharep program ieu dilarapkeun di sakola kalayan daria, lain ngan saukur
jadi catur atawa slogan wungkul,”pokna daria. Inyana ogè jangji bakal datang ka
sakola-sakola pikeun merhatikeun naha dilarapkeun atawa henteu. Kepala SDN
Margajaya 1, Mohamad Hamzen nètèlakeun yèn panggunaan Aksara Sunda Ngalagena,
geus direncanakeun ti bulan Juni kènèh, marengan milangkala Bogor anu ka 533
kaliwat, tapi kulantaran loba halangan, kakara bisa dilaksanakeun ayeuna.
“Program
ieu minangka usulan ti Kang Dadang HP mangsa milangkala Bogor sababaraha bulan
kaliwat,”sanggem Hamzen. Sikep Hamzèn ogè meunang pamuji ti Ketua Komite SDN
Margajaya 1, Periksa Ginting. Ceuk Ginting, Hamzen kaasup kapala sakola anu
kreatif jeung aspiratif. Malah, saurna, Inyana jeung Hamzen hayang ngawujudkeun
SDN Margajaya I jadi sakola pacontohan.
Samèmèh muka papan ngaran anu dilaksanakeun ku Wakil Walikota, Kepala
Dines Pendidikan Kota Bogor, Edgar ngaresmikeun gapura komplek SDN Margajaya
1,2 jeung 3, anu kakara rèngsè diwangun.
Kasumpingan
rombongan gegedèn ieu dipapagkeun ku Ki Lèngsèr “leutik”, sarta bari dipasangan
Pin Kujang Bogoh ka Bogor ku murd SDN Margajaya 2, bari disarengan ku Kepala
SDN Margajaya 2 jeung 3. Nu ngaluuhan
acara ieu kawilang rèa, diantarana Camat Bogor Barat, Irwan Gumelar, Kapolsek
Dramaga, AKP Syafrudin Gayo, para pangawas TK/SD, Kapala Sakola sarta tamu
undangan lianna.(dhp)




Tidak ada komentar:
Posting Komentar