Senin, 24 Agustus 2015

Ngalagena Bakal Dilumakukeun di SDN Margajaya


Kepala SDN Margajaya, Moh. Hamzen, S.Si, M.Si
Rencana ngaresmikeun panggunaan Aksara Sunda Ngalagena, di SDN Margajaya 1, Kalurahan Margajaya, Kacamatan Bogor Barat, Kota Bogor  anu kungsi katunda sababaraha waktu kaliwat, bakal dilaksanakeun dina Rebo (26/8) nu bakal datang. Hal èta ditegeskeun Kepala SDN Margajaya 1, Moch. Hamzen mangsa ditepungan ku WBS di sakolana,  sarèngsèna ngayakeun pasamona jeung Kepala SDN Margajaya 1 jeung 2, para komite sakola, sarta RT jeung RW satempat,Senen (24/8). Numutkeun Hamzen, persiapanna geus leuwih ti 90 persèn, ti mimiti ngaran Aksara Sunda dina papan ngaran, panto gapura, nepi ka susunan acara geus ampir bèrès.
“Pokona mah kari prung,”pokna daria. Saur Hamzen, rencanana, Wakil Walikota Usmar Hariman jeung Kepala Dines Pendidikan, Edgar Suratman, bakal dipapagkeun ku lèngsèr sart dipasangan pin kujang bogoh ka bogor ku salah saurang murid SDN Margajaya anu saterusna dianteur ka rohangan anu geus disiapkeun. Inyana ogè negeskeun, acara ieu minangka pangwujudan ti program Walikota Bogor, Bima Arya sarta program  Dines Pendidikan, Ngabogor.
“Aksara Sunda Ngalagena geus dilarapkeun di jalan-jalan di Kota Bogor, taya salahna lamun dilumakukeun di sakola-sakola, ngarah barudak sakola apaleun yèn Sunda tèh kacida beungharna ku budaya,”sanggemna. Sedengkeun kasiapan bakal sumpingna Wakil Walikota Bogor, dina kagiatan èta ditepikeun ku panaratas panggunaan Aksara Sunda, Dadang HP, anu ogè boga tugas pikeun ngondangna.
“Pa Wakil, nyanggeman bade sumping  nalika surat uleman didugikeun langsung ka mantenna,”tèmbal Dadang, mangsa ditanya ku WBS. (dhp)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar