Minggu, 25 Oktober 2015

Lantara Teu Dianggarkeun, Pangurus PWI Kota Bogor Rek Ngawangun Gedongna ku Swadaya



Pangurus PWI Kota Bogor ahirna mutuskeun bakal ngawangun kantor PWI di Jalan Kasehatan No. 4 Kacamatan Tanah Sareal Kota Bogor, anu ambruk sababaraha bulan kaliwat. Hal ieu diputuskeun mangsa meunang kapastian yèn Pemkot Bogor  teu nga-anggarkeun waragad pikeun ngawangun dina Anggaran Belanja Tambahan (ABT) taun 2015.  Numutkeun Ketua PWI Kota Bogor, H. Tarwono, mangsa gedong PWI ambruk loba para gegeden anu daratang ti mimiti Walikota, Wakil nepi ka Ketua DPRD Kota Bogor.
“Sakabèhna ngajangjikeun bakal mantuan ngawangun ku jalan ngasupkeun dina ABT taun 2015 ayeuna, tapi saentas dipaluruh tètèla teu dianggarkeun. Ahirna kuring jeung rèngrèngan pangurus sapuk bakal ngawangun ku jalan swadaya,”tegesna mangsa ngariung di kantor heubeul di Jalan Kasehatan Kota Bogor. Numutkeun pangurus sèjènna, salian ti teu dianggarkeun aya bèja yèn kantor PWI ieu bakal diwangun tapi dihancengkeun pikeun Badan Narkotika Nasional (BNN) Kota Bogor.
“Padahal jelas pisan dina prasasti anu teken ku Walikota Bogor anu ti heula, Bapak Suratman, kantor ieu pikeun PWI. Jadi lamu aya alih fungsi hartina èta pajabat teu nyahoeun sajarah,”teges salah saurang pangurus PWI Kota Bogor basa keur ngariung. PWI, ceuk èta pangurus, ngan  mènta kacindekan, naha bakal diwangun  deui atawa moal.
“Ulah digantung teu puguh atuh. Geus mah Pemkot Bogor teu nyadiakeun rohangan husus  wartawan pikeun kalancaran tugasna, anu aya ogè rèk dibikeun ka  nu sèjèn. Asa ku harianeun pisan,”tegesna (Red)  


Senin, 19 Oktober 2015

Kencana Siap Jadi Panaratas Kota Bogor Bersholawat



WartaBasaSunda. TANAH SAREAL. Kalurahan Kencana Kecamatan Tanah Sareal Kota Bogor siap  naratasan Kota Bogor jadi Kota Bersholawat atawa Sholawatan. Hal ieu geus dibuktikeun ina unggal kagiatan Hari Besar Islam,  kawih  Sholawat Nabi jadi kabiasaab umat Islam di kalurahan anu ngawates jeung Desa Cilebut Barat Kabupaten Bogor. Dina Saptu (17/10/2015) peuting, magrèbu-rèbu umat Islam minuhan  pakarangan Masjid Asshurofa Kampung Kalimurni RW 01 Kalurahan Kencana. Kagiatan anu sasmitana “Kalimurni Bersholawat “ dilumangsungkeun dina raraga mapag taun anyar Islam Islam 1437 Hijriah. Acara anu ditaratas ku rumaja Kalimurni ieu, ngondang Habib Muhammad Mahdi Bin Hamzah Assegaf pingpinan Majlis Ta’lim Syababul Kheir.  Warga anu daratang loba kacida, salian ti minuhan masjid jeung pakarangan ogè nepi ka sisi jalan sarta bari sila husu macakeun sholawat ka  Nabi Agung  Muhammad SAW.
Kalimurni Bersholawat ieu diluuhan ku Lurah Kencana Syafei R,  Kasie Trantib Yan Sopyan, Ketua Lembaga Pemberdayaan Masyarakat (LPM) Surya,  Ketua RW 01 Kelurahan Kencana Abdul Malik, sajumlah ulama, kiayi,  inohong pamuda. karang Taruna sarta para santri  ti sababaraha Majlis Ta’lim. Numutkeun Ketua Hubungan antar Lembaga jeung CSR Karang Taruna Kac. Tanah  Sareal Agus, kabiasaan sholawatan di Kalurahan Kencana kudu terus dijaga jeung dilaksanakeun , sarta Kalurahan Kencana kudu jadi panaratas Kota Bogor Bersholawat. Sapamadegan jeung Agus, Muslim salah saurang inohong masarakat Kalimurni anu ogè Ketua RT 02, nyebutkeun yèn ku ngabiasakeun maca sholawat, insya Allag Kota Bogor bakal meunang kaberkahan ti Allah SWT. Sedengkeun Lurah Kencana, Syafei R dibarengan Kasi Trantibna, Yan Sopyan nètèlakeun kacida reueusna kana ayana kagiatan èta, sarta umajak ka nu haladir sangkan hijrah ka jalan nu leuwih hade. (Dadang HP)

Selasa, 13 Oktober 2015

Angklung SDN Polisi 4 Muka Acara Sosiaslisasi ti PWI



PWI Kota Bogor gawè bareng jeung Dewan Pers sarta Dinas Pendidikan Kota Bogor, ngalumangsungkeun Sosialisasi Undang-Undang Pers jeung Kode Etik Kewartawanan pikeun dunya pendidikan di Gedong Kamuninggading, Saptu (10/10). Kagiatan ieu dibuka ku Kepala Dines Pendidikan Kota Bogor, H. Edgar Suratman ku cara ngenclingkeun angklung dibarengan ku Kamsul Hasan ti Dewan Pers, sarta H. Tarwono Ketua PWI Kota Bogor sarta ditungtungan ku pintonan angklung ti SDN Polisi 4 Kota Bogor, anu mawakeun 2 lagu. Samèmèhna, para pamilon jeung nu hadir di gedong ieu, ngawih lagu wajib Indonesia Raya anu dipingpin ku Kepala SDN Polisi 4, Yayah Komariah.
Numutkeun Edgar, kagiatan sosialisasi kacida pentingna pikeun para kapala sakola jeung guru, kusabab dina wangkid kiwari geus ditetepkeun Undang-Undang Keterbukaan Informasi Publik (KIP) anu raket patalina jeung dunya jurnalistik.
“Mudah-mudahan ku ayana kagiatan ieu, nu ngokolakeun dunya pendidikan jadi nyaho kumaha nyanghareupan wartawan,” ceuk Edgar. Inyana ogè miharep ka nu encan miluan kagiatan sosialisasi sangkan miluan mangsa aya acara samodèl kitu deui, sarta mènta sangkan pihak panitia nyatetkeun sakola anu dina waktu ayeuna teu bisa milu. Sawatara èta, Ketua PWI Kota Bogor, H. Tarwono miharep kagiatan anu dilaksanakeun ku rèngrènganna aya mangpaatna, sarta nambahan pangaweruh pikeun guru jeung kapala sakola anu miluan kagaiatan dina poè èta.
“Kuring ogè ngarasa reueus sarta ngahaturkeun nuhun  ka Dines Pendidikan Kota Bogor, PWI Jawa Barat, Pihak Polres Bogor Kota sarta Dewan Pers,”sanggemna. Minangka panyatur dina sosialisasi ieu nyèta Kamsul  Hasan ti Dewan Pers, Uyun Ahdiat ti PWI Jabar sarta ti Polres Bogor Kota. (Dadang HP) .


Sabtu, 10 Oktober 2015

Film Tijan Pahlawan Pituin Bogor Bakal Diputer Ahir Oktober 2015




Ketua PWI Kota Bogor, H. Tarwono jeung Ketua LMP Kota Bogor, Bambang Rasiantoro
WartaBasaSundaBogor- Bogor Utara. Pupuhu Laskar Merah Putih (LMP) Kota Bogor, Bambang  Anto Rasiantoro mertèlakeun film layar lebar, Laskar Syetan, Tijan Pahlawan Bogor,  rencanana bakal dipute babarengan I tilu bioskop di tilu kota nyaèta, Jakarta Bogor jeung Bandung., dina ahir Oktober 2015 ayeuna. Hal ieu ditegeskeun Anto. mangsa pasamoan jeung Ketua PWI Kota Bogor, sababaraha waktu kaliwat di Sekretariat PWI, Jalam Destarata 4 Kec. Bogor Utara. Ceuk Anto film Tijan anu disutradaraan ku Bayu Prayoga ieu meakeun waragad kurang leuwih Rp. 1,2 milyar ieu, nyaritakeun perjoangan Tijan pahlawan pituin urang Bogor.
“Lilana film kurang leuwih 90 menit ieu dijieun salila 2 taun, ti mimiti ngumpulkeun  data, audisi I tilu kota, Bandung, Bogor jeung Jakarta, syuting nepi ka editingna,”ceuk Anto deui.  Kapahlawan Tijan, sabenerna geus dimimitian mangsa umurna kakara nincak 8 taun, ku jalan nyolongan beil ti gudangna Walanda. Tijan anu maot dina umur 21 taun ieu, berjoang di wewengkon Semplak sarta tiwas di Setugede Kacamatan Bogor Barat ayeuna.  Sanggem Anto, loba pisan picontoeun ti pahlawan anak bungsu tina 13 urang anak tukang dagang anu beunghar ieu, diantarana teu pernah ngabèda-bèdakeun jeung saha kudu ngabatur. Tijan leutik, dilalakonkeun ku Salim Damulay, sedengkeun Tijan rumaja ku Goris Kurniawan. Film anu tempat syutingna di Jakarta, Banten jeung Bogor ieu ogè dibèntangan ku Yaty Surahman jadi Nonon kabogoh Tijan anu teu pernah nikah alatan ku satiana ka Tijan, Pong Haryatmo  anu jadi guru ngajina Tijan, Rita KDI (bibina Tijan) sarta nu lianna. Sawatara èta Ketua PWI Kota Bogor, H. Tarwono muji jeung kacida ngarojongna kana sikep LMP Kota Bogor anu geus nyieun film perjuangan Tijan, pituin ti Bogor.
“Mugia kahareupna bisa nyieun film deui ngeunaan para pahlawan Bogor,” sanggemna. (Dadang HP)

Jumat, 09 Oktober 2015

Mangsa Guru Besar IPB Ngagugat Program Kamentrian Pariwisata



 WartaBasaSundaBogor, Juanda. Prof. Dr. Sambas Basuni, Guru Besar Manajemen Kawasan Hutan IPB Bogor,  meredih sangkan program Pariwisata Berkelanjutan (suistanable Tourism) anu eukeur dihangkeutkeun ku Kamentrian Pariwisata Indonesia, dirobah  jadi Pariwasta berwawasan lingkungan. Hal ieu ditegeskeun ku Sambas mangsa jadi panyatur dina  Rapat Koordinasi anu sasmitana Intregrasi jeung  Optimalisasi Pariwisata Berkelanjutan   di Gedong Badan Koordinasi Pemerintahan jeung Pembangunan (BKPP) Wilayah I Jawa Barat, Jln. Ir. Juanda Kota Bogor., Kemis (8/10). Pamènta Sambas ieu ditepikeun saentas Frans Teguh, Asisten Deputi Pengembangan Infrastruktur jeung Ekosistim Pariwisata Kementrian Pariwisata RI medarkeun porgamna.  yèn Kemnetrian Pariwasata nu kiwari keur ngahangkeutkeun Program Pariwisata Berkelanjutan. Numutkeun  Sambas sakumaha kaunggel dina UUD 1945, pasai 28 ayat 1,anu eusina jelas pisan ngèbrèhkeun yèn unggal warga mibanda hak hirup sajahtra lahir jeung batin, mibanda padumukan jeung meunang lingkungan hirup anu alus jeun sèhat saeta meunang palayanan kasèhatan.
“Kusabab kapentingan pangwangunan ekonomi, hak meunangkeun lingkungan anu sèhat jeung hade ieu, dièlèhkeun ku Perda sarta henteu jadi hak dasar,”teges Sambas.  Masarakat ayeuna, sanggemna, meunang kaayaan lingkungan anu gorèng balukar tina pangwangunan anu tuluy tumuluy atawa berkelanjutan. Para pangawasa bangun anu ngahaja nyumputkeun pasal ieu, padahal, investasi dina pariwisata anu mibanda wawasan lingkungan hirup kauntunganna 10 kali lipet tina usaha nu lianna. Sawatara èta, Frans Teguh negeskeun yèn anu disebut pariwisata anu tuluy tumuluy tèh sangkan generasi anu bakal datang tetep bisa ngarasaan tempat wisata anu kaayanna sarua jeung nu kiwari.
“Hartina taya karuksakan atawa dirawat jeung dirumat sangkan tetep sarua jeung kaayaan nu ayeuna,”saurna. Pikeun èta jeung ngaronjatkeun jumlah nu daratang ka Indonesia, pihak Kamentrian Pariwasta keur nyieun sakurangna 32 Kawasan Strategeus Pariwisata Nasional, 2 diantarana aya I wilayah I. nyaèta wewengkon Gunung  Gede –Pangrango dan Halimun. Kagiatan Rakor ieu dibuka ku Kepala Bidang Pembangunan BKPP Wilayah 1 Jawa  Barat, Al Mursyd sarta ngadatangkeun para panyatur ti praktisi jeung akademisi pariwisata iantarana Dr, Ir. Riky Avenzora, para Kadisbudpar, sarta OPD I wilayah I. (Dadang HP)