Minggu, 25 Oktober 2015

Lantara Teu Dianggarkeun, Pangurus PWI Kota Bogor Rek Ngawangun Gedongna ku Swadaya



Pangurus PWI Kota Bogor ahirna mutuskeun bakal ngawangun kantor PWI di Jalan Kasehatan No. 4 Kacamatan Tanah Sareal Kota Bogor, anu ambruk sababaraha bulan kaliwat. Hal ieu diputuskeun mangsa meunang kapastian yèn Pemkot Bogor  teu nga-anggarkeun waragad pikeun ngawangun dina Anggaran Belanja Tambahan (ABT) taun 2015.  Numutkeun Ketua PWI Kota Bogor, H. Tarwono, mangsa gedong PWI ambruk loba para gegeden anu daratang ti mimiti Walikota, Wakil nepi ka Ketua DPRD Kota Bogor.
“Sakabèhna ngajangjikeun bakal mantuan ngawangun ku jalan ngasupkeun dina ABT taun 2015 ayeuna, tapi saentas dipaluruh tètèla teu dianggarkeun. Ahirna kuring jeung rèngrèngan pangurus sapuk bakal ngawangun ku jalan swadaya,”tegesna mangsa ngariung di kantor heubeul di Jalan Kasehatan Kota Bogor. Numutkeun pangurus sèjènna, salian ti teu dianggarkeun aya bèja yèn kantor PWI ieu bakal diwangun tapi dihancengkeun pikeun Badan Narkotika Nasional (BNN) Kota Bogor.
“Padahal jelas pisan dina prasasti anu teken ku Walikota Bogor anu ti heula, Bapak Suratman, kantor ieu pikeun PWI. Jadi lamu aya alih fungsi hartina èta pajabat teu nyahoeun sajarah,”teges salah saurang pangurus PWI Kota Bogor basa keur ngariung. PWI, ceuk èta pangurus, ngan  mènta kacindekan, naha bakal diwangun  deui atawa moal.
“Ulah digantung teu puguh atuh. Geus mah Pemkot Bogor teu nyadiakeun rohangan husus  wartawan pikeun kalancaran tugasna, anu aya ogè rèk dibikeun ka  nu sèjèn. Asa ku harianeun pisan,”tegesna (Red)  


Tidak ada komentar:

Posting Komentar