Rabu, 30 September 2015

SMP PGRI 2, Sakola Swasta Pinunjul dina LTUB



Prestasi nyugemakeun ditembongkeun ku SMP PGRI Bogor Timur, sabab ngan hiji-hijina sakola swasta anu bisa jadi juara dina Lomba Tata Upacara Bendera (LTUB) tahun 2015  tingkat SMP sa-Kota Bogor. SMP anu dipingpin kua  Yayat “Odoy” Hidayat ieu, geus bisa ngèlèhkeun sakola nagri lianna. Hal ieu dicaritakeun ku inyana, basa narima piala di buruan Dines Pendidikan Kota Bogor  di Jalan Pajajaran Kota Bogor, Rebo (30/9).
 “Sakola kuring mah lapangan upacarana ogè heurin kacida, dukdek lamun ngayakeun upacara bandera tèh. tapi Alhamdulillah ku jadi juara ka tilu ogè geus mangpirang-pirang,”ceuk Yayat. Pikeun ngungkulan kakurangan èta, LTUB di SMP PGRI 2 ditambahan ku pirigan corsic. Sawatara pikeun  juara kahiji jeung kaduana direbut ku SMP Negeri 2 jeung SMP Negeri 1.  Sedengkeun tingkat SMA direbut ku SMAN 6 (juara 1), juara ka dua, SMAN 3 sarta katiluna beunang ku SMAN 2. SMKN 2 ngarebut tempat kahiji, SMKN 4 jeung SMKN 1 meunang tempat ka tilu dina tingkat SMK. Salian ti meunang tropi, para pinunjul LTUB ogè meunang waragad pangbinaan anu gedèna, Rp 2.500.000 juara ka hiji, nu kadua Rp 1.500.000 sarta Rp 1.250.000 pikeun juara III.
"Pikeun pinunjul kahiji8 bakal dipersiapkeun milluan LTUB tingkat provinsi   dina bulan Nopember nu bakal datang,” ceuk  Teddy Kuanadi ketua pelaksana kagiatan.(Br/DHP)

Senin, 28 September 2015

Abah Sukardi : Kampung Urug Geus Kaleungitan Jatidirina





Wartabasasunda. SUKAJAYA. Kokolot  Kampung Adat Urug Tonggoh, Desa  Urug Kacamatan Sukajaya Kabupaten  Bogor, Abah Sukardi meredih ka Pamarentahan Kabupaten Bogor sangkan ilubiung langsung ngabenahan Kampung Urug anu geus kaleungitan jatidirina. Hal ieu dijèntrèkeunna  basa WBBS nganjang ka imahna di Kampung Urug Tonggoh, Desa  Urug Senen (29/9).  Malah ceuk Abah Sukardi, papan ngaran Kampung Adat Urug anu dipasang di sisi jalan asup ka kampungna dicabut, sabab Kampung Urug kiwari  sarua jeung kampung lianna.
“Tong boroning jadi kokolot kuring mah, jadi wargana ogè èra, ku ayana papan ngaran di hareup tèh, Sim kuring meredih ka Pamarèntah Kabupatèn Bogor, sacepetna turun ka Kampung  Urug pikeun ngabebenah sangkan bisa balik deui ka jati dirina, dunya tatanèn,” tegesna. Pangna Kampung Urug dijadikeun kampung adat, ceuk Abah Sukardi, kusabab karuhun baheula nyekel adat jeung aturan kana urusan tatanèn, saluyu jeung sajarah atawa kasangtukangna. Sumber sajarah Kampung  urug sakumaha remen dicaritakeun ku  karuhunna, kaasup ayeuna dirina, teu bisa leupas ti Nyi Pohaci, putra kakasihna Eyang Prabu (Siliwangi?) anu mimiti kareseban dina poè Jumaah sarta kakara kanyahoan dina poè Ahad, tur getih èta dibanjur sarta ragrag kana taneuh dina poè Senèn. Ti riwayat èta, aya aturan anu kudu dijalankeun ku sakabèh warga Kampung Urug diantarana teu meunang ka sawah jeung ngomè pare dina Jumaah, Ahad jeung Senèn.  Mangsa  Nyi Pohaci pupus, dina sababaraha tempat aya bijil tatangkalan anu diantarana jadi binih pare anu dipelakkeun di sakuliah Kampung Urug.
“Lamun kokolotna waè geus ngarumpak aturan, tunggul  dirarud catang dirumpak dina urusan tatanèn, naon anu dipikareueus di Kampung Urug atuh,” pokna daria. Inyana ogè kacia manghanjakalkeun ka sikep kokolot  Kampung Urug lianna, anu geus teu miara tali paranti karuhunna, diantarana teu meunang ngagiling pare, sabab aturanna kudu ditutu, masih kènèh ngomè pare dina poè-poè anu dipahing, teu daèk melak pare babarengan ogè binih pare baheula diantarana Sri Kuning, Pare Beureum Cempa, Kewal, Raja Wesi, Limar sarta  Ketan Gado anu umurna  saluhureun 5  nepi ka  7 bulan.
“Lantaran hayang panèn dua nepi ka tilu kali kalah der melak pare varitas anyar. Balukarna katempo pisan. Mangsa keur sok melak pare warisan, urang Kampung Urug tara pernah kakurangan bèas, Ayeuna mah pan bèas raskin ogè mani parebut,”sanggemna deui.  Pikeun miara adat anu geus mangratus-ratus taun aya, tur ayeuna geus mimiti ditaringgalkeun, Abah Sukardi mènta sangkan Kampung Urug dijadikeun puseur tatanèn jeung pangwinihan pare baheula, sakumaha anu dilaksanakeun di Kabupatèn Cianjur anu ngawajibkeun sababaraha tempat melak pare jinis Pandan Wangi sarta nu lianna. Sawatara èta Kokolot Cipatat Kolot anu ogè masih rèrèhan ti Kampung Urug nyebutkeun lamun dirina angger mituhu  kana aturan anu geus diwariskeun ku karuhunna.
“Kuring mah sieun pisan lamun kudu ngarumpak aturan tèh. Salah sahijina di imah kuring mah pare salawasna ditutu teu pernah dibawa ka tempat heuleur pikeun digiling, sieun dihukuman ku karuhun,”jawabna  daria. Ayana ka teu cocokan diantara para kokolot di Kampung Urug diaku Sekdesna, Candra. Numutkeun Candra pihak Pamarèntahan Desa Urug anu dipingpin ku Ata Iskandar geus pernah ngariungkeun para kokolot di kantir dèsa diantarana sangkan melak pare babarengan jeung pare anu sakumaha biasa dipelak.
“Mangsa ngariung mah enya rèk tuhu, tapi dina praktèkna mah gumantung kana kahayang kokolot èta, pakia-kia jeung anu geus dimusawarahkeun,” ceuk Candra. Inyana ogè minangka generasi ngora ngarasa kacida hariwangna kana ayana pasualan kitu, sabab geus pasti kahareupna sakabèh budaya anu aya di Kampung   Urug bakal carem lamun teu buru-buru dibenahan ti ayeuna. Desa anu legana 400, 5 Ha sarta pangeusina 1507 KK atawa 5170 urang ieu, budaya tatanènna bakal tilem, padahal satengahna, kurang leuwih 200 Ha-na, mangrupa pasawahan jeung pakebonan.
“Mugia wè aya perhatosan ti Cibinong  sabab ti des amah teu dianggap pisan,”pokna mungkas carita. (Dadang HP)

Senin, 21 September 2015

Annisa jeung Alfian , Moka Pinilih Kota Bogor 2015



WartaBasaSunda. Bogor. Saèntas ngaliwatan proses pamilihan anu kawilang panjang diantarana dina peutingan final, Anissa Satriana  jeung  Alfian Nugraha  kapilih jadi Mojang-Jajaka (Moka) Kota  Bogor 2015, anu lumangsung di Gedong Kamuninggading, Sabtu peuting (19/09).  Kagiatan anu dibuka ku Walikota Bogor, Bima Arya ieu dimimitian ku pamintonan rinèka tari ti para finalis anu jumlahna 30 urang.  Dina kasempetan èta Bima,  negeskeun yèn Kota Bogor anu kakoncara Kota Wisata dina taun ieu bakal ngaresmikeun Kota Pusaka  jeung 3 taman anu aya nyaèta Taman Kencana, Taman Interaksi Sempur sarta Taman Heulang.
“Kota Pusaka jeung Taman anu ayeuna keur diwangun bakal nambahan karakter jeung identitas Kota Bogor. Salian ti èta urang Bogorna ogè kudu somèah, hade ka sèmah. Sangkan nu daratang betaheun sarta  sono pikeun datang deui,”ceuk Bima. Ku jalanan Moka ieu, sanggemna, diharepkeun bakal jadi salah sahiji cara pikeun nguatkeun di widang pariwisata sarta seni jeung budaya Bogor. Sawatara èta, Kepala Disbudparekraf Kota Bogor, Shahlan Rasyidi nètèlakeun  Mojang Jajaka anu kapilih, anu bakal maju ka tingkat Jawa Barat bisa nyeungitkeun kotana, tur bisa jadi duta pariwisata Kota Bogor.(Met/Gus/Rahmat/dadanghp)


Sabtu, 12 September 2015

Nuhun, Ayeuna mah Tos Diaspal



Ngarasa prihatin jalan di Kampung Gardu Tugu RT 01 RW 01 Kalurahan Margajaya, Kacamatan Bogor Barat, remen rusak sarta ngabahayakeun ka nu ngagunakeunna  hususna barudak anu keur diajar leumpang, HM. Yusuf salah saurang warga satempat ahirna ngaaspal jalan ieu, Saptu (12/9). Waragad pikeun ngaspalna kaluar tina pèsak sorangan. Mangsa ditanya sabaraha waragad pikeun ngaspal jalan anu legana kurang leuwih 300 meter ieu, inyana teu daèkeun wakca balaka.
“Keun wè lah urusan èta mah ukur kuring jeung Gusti Allah nu terang, bisi ngaruksak ibadah kuring, bisa jadi matak riya,”pokna daria. Niat Haji Yusuf anu nyumbangkeun rejekina pikeun ngaspal jalan tangtuna ngabagyakeun balarèa hususna warga satempat. Numutkeun Ketua RT 01 RW 01, Dadang Haerdarsono, pihakna langsung nyieun surat beware ka wargana sangkan nyimpen mobil atawa motorna di buruan  SD Insan Kamil ti mimiti poè Jumaah sore atawa Saptu isuk-isuk.
“Ambèh lamun rèk aya perlu kaluar ngagunakeun kandaraan henteu ngaganggu nu keur ngaspal,”saurna. Dadang ogè meredih dina surat beware èta, sangkan wargana rèrèongan nyadiakeun konsumsi  pikeun pagawè anu lobana 10 urang.
“Alhamdulillah, Bu Emed jeung pun bojo isuk-isuk  geus balanja ka Pasar Laladon meuli asakeun,” pokna deui. Ditambahkeun ku inyana, nu nyarumbang pikeun konsumsi kawilang rèa, salian ti warga satempat, aya ogè ti SD Insan Kamil anu  sakolana aya di lingkungan satempat. (dhp)



Jumat, 11 September 2015

Buku Tritangtu jeung Surat Cinta dari Langit Ketujuh R. Imam Mudrika Sanusi



Saentas “ngageunjleungkeun” Bandung ku konser  “Ngadongdang” anu eusina  kumpulan kawih Sunda ciptaanna bareng jeung Doel Sumbang, Ria Fitria KDI, Nining Meida jeung nu lianna sawatara bulan kaliwat, R. Imam Mudrika Sanusi, seniman sarwa bisa Kota Bogor,  kiwari  mapaèsan  kota Paris van Jaya ku  ngabèwarakeun buku  Tritangtu jeung Surat Cinta Langit dari Langit Ketujuh di Braga Permai Bandung anyar-anyar ieu.  Numutkeun Imam, eusi buku Tritangtu minangkan panitènan dirina salila ieu ngeunaan ajèn inajèn atikan moral anu luhung anu digali tina agama pikeun nyinglarkeun   anu teu saluyu jeung kahirupan manusia saujratna.
“Sim kuring ngarèkam  kayaan  sosial, budaya jeung ekonomi jaman Pajajaran  anu ngagem ajaran Tritangtu dina pamarèntahan nyaèta Ratu, Rama jeung Resi anu mibanda pancèn sèwang-sèwangan, silih rojong henteu pacorok kokod,” sanggemna. Sang Rama, saur Imam, anu pancènna salaku panasèhata atawa pinisepuh karajaan, ancrub langsung di masarakat, nitènan kaayaan  di lapangan. Mantenna heunteu nempatkeun dirina jadi pamarèntah, tapi jadi bapa anu dipibapa nu saèstuna, nyaah sarta deukeut jeung masarakat. lir bapa ka budak. Bèda jeung jaman kiwari, rahayat tèh siga budak anu ditinggalkeun ku bapana.
“Nagara geus sakuduna jadi papayung tur mayungan rahayatna. Tapi jaman kiwari para pangawasa teu bisa dipibapa, balukarna jadi pakujut,”tegesna. Panyababna, sistim katatanagaran nu ngalantarankeun sabagèan gegedèn atawa pangawasa geus apilain, poho kana pancèn anu kudu dilakonan sapopoèna ditambahan ku poho kana tanggungjawabna. Antukna taya anu bisa diandelkeun, komo jadi panyalindungan atawa papayung mah.
“Mangsa Karajaan Pajajaran, Sang Rama ti kulawargi Sang Prabu jadi papayung sarta panyalidungan rahayatna. Sifat karesian anu dina dirina geus ngabaju, lain alatan idiologi jeung hal-hal sèjènna. Kukituna bisa ngawangun ahlakul karimah, rasa tanggungjawab anu aya èstu pikeun kapentingan balarèa,”saurna.  Imam anu resep pisan tulas-tulis tur kinaryana boh anu mangrupa carita atawa sajak geus dimedalkeun dina sababaraha judul. Sawatara karyana nu mangrupa eusi Tritangtu atawa  sajak boh dina Basa Sunda atawa Indonesia, dimedalkeun dina akun Facebook Pilar Pakujajar Pakuan Pajajaran
Kagiatan “ngabèwarakeun’”buku ieu, diluuhan ku Hj. Popong Otje Jungjunan, Rya Fitria KDI, sata seniman jeung budayawan Bandung sèjènna. (Dadang HP, tina sababaraha sumber)