Saentas “ngageunjleungkeun” Bandung ku
konser “Ngadongdang” anu eusina kumpulan kawih Sunda ciptaanna bareng jeung
Doel Sumbang, Ria Fitria KDI, Nining Meida jeung nu lianna sawatara bulan
kaliwat, R. Imam Mudrika Sanusi, seniman sarwa bisa Kota Bogor, kiwari
mapaèsan kota Paris van Jaya
ku ngabèwarakeun buku Tritangtu jeung Surat Cinta Langit dari
Langit Ketujuh di Braga Permai Bandung anyar-anyar ieu. Numutkeun Imam, eusi buku Tritangtu minangkan
panitènan dirina salila ieu ngeunaan ajèn inajèn atikan moral anu luhung anu
digali tina agama pikeun nyinglarkeun
anu teu saluyu jeung kahirupan manusia saujratna.
“Sim kuring ngarèkam kayaan
sosial, budaya jeung ekonomi jaman Pajajaran anu ngagem ajaran Tritangtu dina pamarèntahan
nyaèta Ratu, Rama jeung Resi anu mibanda pancèn sèwang-sèwangan, silih rojong
henteu pacorok kokod,” sanggemna. Sang Rama, saur Imam, anu pancènna salaku
panasèhata atawa pinisepuh karajaan, ancrub langsung di masarakat, nitènan
kaayaan di lapangan. Mantenna heunteu
nempatkeun dirina jadi pamarèntah, tapi jadi bapa anu dipibapa nu saèstuna,
nyaah sarta deukeut jeung masarakat. lir bapa ka budak. Bèda jeung jaman
kiwari, rahayat tèh siga budak anu ditinggalkeun ku bapana.
“Nagara geus sakuduna jadi papayung tur
mayungan rahayatna. Tapi jaman kiwari para pangawasa teu bisa dipibapa,
balukarna jadi pakujut,”tegesna. Panyababna, sistim katatanagaran nu
ngalantarankeun sabagèan gegedèn atawa pangawasa geus apilain, poho kana pancèn
anu kudu dilakonan sapopoèna ditambahan ku poho kana tanggungjawabna. Antukna
taya anu bisa diandelkeun, komo jadi panyalindungan atawa papayung mah.
“Mangsa Karajaan Pajajaran, Sang Rama ti
kulawargi Sang Prabu jadi papayung sarta panyalidungan rahayatna. Sifat
karesian anu dina dirina geus ngabaju, lain alatan idiologi jeung hal-hal
sèjènna. Kukituna bisa ngawangun ahlakul karimah, rasa tanggungjawab anu aya
èstu pikeun kapentingan balarèa,”saurna.
Imam anu resep pisan tulas-tulis tur kinaryana boh anu mangrupa carita
atawa sajak geus dimedalkeun dina sababaraha judul. Sawatara karyana nu
mangrupa eusi Tritangtu atawa sajak boh
dina Basa Sunda atawa Indonesia, dimedalkeun dina akun Facebook Pilar Pakujajar
Pakuan Pajajaran
Kagiatan “ngabèwarakeun’”buku ieu,
diluuhan ku Hj. Popong Otje Jungjunan, Rya Fitria KDI, sata seniman jeung
budayawan Bandung sèjènna. (Dadang HP, tina sababaraha sumber)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar