Ngarasa
hariwang kana kaayaan Bogor anu geus
lila teu hujan, sajumlah seniman jeung budayawan Bogor anu dipingpin ku Abah
Jefri Ricardo, ngalaksanakeun du’a babarengan di Saung Sanajan, Lapangan Sempur,
Kacamatan Bogor Tengah, Kota Bogor, Kemis (10/9). Acara ieu, sanggem Abah Jefri, èstuning
dadakan pisan. Nu daratangna kawilang lumayan, aya kana dua puluh urangna, bari
papakèanna sarwa hideung.
“Mangsa
keur tahlilan di bumina Kang Rifai, mièling 7 dinten ibuna, kuring ngobrol
jeung sababaraha urang anu hadir. Kasimpulanna urang silaturahim sarta ngadu’a
babarengan, nyuhunkeun ka Gusti Allah sangkan dipaparin hujan,”pokna daria.
Dijèntrèkeun ku inyana, yèn ngondangna ogè cukup ku SMS, sarta waragad pikeun
ngalaksanakeunna meunang rèrèongan. Inyana ogè nganuhunkeun ka H. Imam Mudrika
Sanusi, Haji Shahlan Rasyidi, istri almarhumah Abah Kanceng anu geus ngabantuan
kana suksèsna acara èta. Kagiatan ngadu’a bareng ieu dipingpin langsung ku
Ustad Jamil Mustopa anu kawèntarna mah Mubaligh Cabè Rawit.
“Mènta
hujan ka Gusti Allah bisa ku rupa-rupa cara. Urusan dikabul henteuna mah urang pasrahkeun ka Gusti Allah anu Maha
Uninga, nu penting mah urang bisa silaturahmi bari ngadu’a,”pokna basa ditanya
kunaon teu ngalaksanakeun shalat Istisqo sakumaha anu geus dilaksanakeun ku MUI
jeung umat Islam di Kota Bogor, sababaraha waktu kaliwat. (dhp)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar