Ketua Kwarcab Gerakan
Pramuka Kota Bogor, Ade Sarip Hidayat, negeskeun yèn kagiatan kapramukaan geus
sakuduna asup kana widang pamarèntahan, sabab anu dipigawè dina organisasi
kapanduan ieu, bakal nguatan mental para pagawè
sangkan ngajauhan korupsi. Sabab, saur Adè, Pramuka dididik sangkan
pamikiran, ucap jeung laku lampah saluyu kudu bersih.
“Pramuka mah ngadidik
anggotana sangkan suci pamikiran, suci ucapan jeung suci laku lampahna,”
saurna. Hal èta ditegeskeun Ade mangsa narima rombongan ti Kwarcab Kota Serang
Provinsi Banten di Sekretariat Kwarcab Pramuka Kota Bogor, Jalan Papandayan
Kacamatan Bogor Tengah Kota Bogor, sababaraha waktu kaliwat. Sawatara ngeunaan
kaayaan Kwarcab Kota Bogor, Adè nyaritakeun yèn ku gawè bareng, silih rojong
jeung pangurus ti mimiti Kwarcab jeung Kwarran, Kota Bogor meunang panghargaan tempat
ka tilu panggiatna sa-Jawa Barat, anu samemèhna nempatan ka 20 tina 24 Kwarcab
Kota jeung Kabupaten anu aya.
“Ieu bukti nyata, ku
kadariaan jeung gawè rancagè babarengan mah, sagalana bisa diungkulan,”tegesna.
Salah sahijina dina sual palatih, taun 2010 ngan aya 7 urang, dina taun 2015
ayeuna geus aya 900 urang, tur di unggal Kwarran anu aya keur ngalaksankeun
Kursus Mahir Dasar (KMD). Salian ti anu disebutkeun di luhur, rojongan jeung
kawijakan Pamarèntah Daerah ogè kawilang nangtukeun kana kalumangsungan
kagiatan.
“Pikeun kagiatan Pramuka,
Pemkot Bogor nyadiakeun waragad samilyar tina APBD-na, kukituna henteu hèsè
ngalèngkah dina ngalaksanakeun kagiatan,”sanggemna. Kiwari, Kwarcab Kota Bogor keur ngadorong
Pemkot Bogor sangkan netepkeun Perda Pramuka sakumaha anu geus dilarapkeun di
Kabupaten Cianjur, teu cukup ukur ngandelkeun Undang-undang Kapramukaan
wungkul.
Sawatara èta Ketua Kwarcab
Gerakan Pramuka Kota Serang, Tubagus Urip negeskeun yèn henteu salah lamun
diajar ka Kota Bogor, sabab anu dilaksanakeun ku organisaasi anu dipingpin ku
Ade Sarip ieu, kawilang nyongcolang.
“Pramuka Kota Serang mah
umurna kakara 9 bulan, sabab Pemdna sorangan kakara misahkeun diri ti Kabupaten
Serang kakara sataun. Kukituna masih kènèh kudu loba diajar salah sahijina ka
Kota Bogor,”sanggemna. Rombongan ti Kota Serang ieu, dibagèakeun ku jentrèng
kacapi anu ngawihkeun Bogor Lumigar Mekar, ku Sang Prameswari Tunggal Dewi
anggota panggalang Gugus Depan SMPN 20 Kota Bogor, kawih Karatagan Pahwalan ku
Siti Nurjanah, sarta Bayu Anugrah ti SMP Bina Greha anu macakeun Uga Pajajaran anu dipirig ku
jentringna kacapi, Sang. (dhP)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar