Tadina mah teu nyangka sacongo buuk ogè lamun Helvy Maryand ,
anu ngawihkeun Sorba Palid, Bangbungranggaek, Manuk Dadali jeung Mas Joko Tak
Uu sarta nu pamungkas Tuhan Jagakan Dia, bibit buitna ti Kampung Warung Borong,
Kacamatan Ciampea Kabupaten Bogor. Helvy, kungsi kakoncara mangsa album
mimitina, Sorban Palid kajual nepi ka sajuta siki. Ti dinya, salila 30 taun,
dumuk di Bekasi sarta hirup macakal di Jakarta. Salian ti ngawih, inyana ogè
remen maèn sinètron, diantarana dina Si Buta Gua Hantu, anu dibèntangan ku Hadi
Leo. jadina pamajikanna Wiro Sablengna Kenken.
Saentas pangsiun tina kagiatan èta, Helvy balik sarta ngarereb di Bogor, pikeun
ngamajukeun budaya Sunda.
“Dalah dikumaha ogè getih nu aya dina diri kuring tèh getih
Sunda, aya ku payus pisan mun kuring ancrub ngagedèkeun Ki Sunda. Sabab geuning
budaya Sunda tèh kadèsèh ku budaya deungeun, jati kasilih ku junti,”pokna ka
WBSB, mangsa keur nganjang ka PWI Kota Bogor, Rebo (2/9). Salah sahiji anu keur
digarapna nyaèta ngalumangsungkeun “Lomba Paduan Suara “pikeun guru-guru
sa-Kota Bogor, kalayan lagu wajibna Bogoh ka Bogor, sarta lagu pilihanna,
Sorban Palid, Bangung Ranggaèk sarta Manuk Dadali. Pikeun mirigna, kumaha
kahayang pamilon, bisa ku hitar, gamelan atawa kacapi, kumaha kaparigelan sèwang-sèwangan.
“Tah hadiahna aya artos kadeudeuh ti Dines
Pendidikan jeung Disbudparekraf Kota Bogor, salian ti piagam tèh ogè bakal
diajak damel sareng DMP Poduction,”sanggemna. Sangkan ramè,inyana ngajak RRI,
DK3B, Radio Sipatahunan tur PWI Kota
Bogor.Pikeun pangdaftaranna bisa datang ka RRI Bogor di Jalan Pangrango 20 sarta Sekretariat Dewan Kesenian, Kebudayaan Kota
Bogor di Gedung Kemuning Gading Komplek Pemkot Bogor Jalan Kapten Muslihat Kota
Bogor ti mimiti poè ayeuna, Kemis (3/9). (dhp)


Tidak ada komentar:
Posting Komentar